Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/331

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
No : 22
Penggubah : Odang Ridwan
Umur : 40 tahun
Pekerjaan : Juru sawer
Tempat : Bandung
  1. Nitih wanci nu mustari
    ninggang mangsa nu utama
    Ujang Nyai ngarendeng
    sanggeus rengse bieu pisan
    kalawan widi Pangeran
    diwengku tali usikum
    salamet geus dirapalan

  2. Jodo bareunang pribadi
    lain kaliayang nu lian
    lain amprok pangreremo
    estuning pokal sorangan
    beunang mupakat duaan
    kajumng kadoa sepuh
    ti dua pihakanana

  3. Ditiin pinasti kapanggih
    pasang subaya kasorang
    lalakon liirup teh sejen
    ayeuna jadi duaan
    geus ninggalkeun alam budak
    ti dinten ieu ka payun
    hidep eat maneat sawawa

  4. Sanggeus kawengku usikum
    lalakon Nyal teh robih
    tanggelan sepuh geus lubar
    amanat Gusti Yang Widi
    ti panangan ibu rama,
    ngaiih ka earoge Nyai

  5. Ngahlji welasan taun
    sapapait samamanis
    Nyai katut ibu rania
    ii dinten ieu mah tebih
    Nyai kagungan panutan
    payunaneun siang wengi

  6. Mung wiat tingai jeung dangu
    kahoyong teh tiis eeuii
    lierang mata litingalan
    bral Nyai jungjunan ati
    bral angkat bral pilculeuyan
    pidu'a mah mo sak deui

  7. Payuneun earoge Nyai
    suJur ibu rama Nyai
    kapan tah eta gentosna
    plleuleuyan jimai ati
    ngambah laut kahirupan
    bral angkal sosoea batin

  8. Ya Allah nu Maha Agimg
    abdi neda disakseni
    danget dinten ieu pisan
    nyanggakeun amanat Gusti
    ti abdi iantaranana
    ayeuna geus ngalih deui

  9. Pamungkas ka nu karumpul
    bangei neda rido galih
    pangjurungkeun ku pangdu'a
    malar pun anak sakalih
    dirahmat ku nu Kawasa
    ku kecap muji ka Gusti

304