Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/332

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    hapunten anu katampi
    dina pareng aya cela cangcalana.

  1. Langkungna du’a pangruat
    ka sugri arwah nu demit
    nu katalar nu kaiiwiat
    kakeset bilih kasuat
    nu kabulat nu kabeulit
    neda amit neda lulut
    temahna neda hasiat
    diruat sing hade widit
    sing mapahat mangfaat dunya
    aherat.

  2. Ka sadaya para mitra
    sugri nu hadir nyakseni
    neda ridoningpidu'ana
    muga Gusti Maha Suci
    Allah Robbul Izzati
    maparin jalaning maju
    ieu toko jadi marga
    jadi jaian sugih mukli
    boh keur dunya boh keur aherat
    jadi bagja.

No. : 34
Penggubah : Wahyu Wibisana
Umur : 48 tahun
Pekerjaan : Karyawan Dep. P & K
Prop Jawa Barat.
Tempat : Bandung


  1. Eling-eling angin rintih
    nu nebak ka lelembutan
    muga ngoyagkeun pangamen
    ngoyagkeun sanubarina
    dumeh ayeuna waktuna
    ngitung ngukur nu dipaju
    sabadana dirapalan

  2. Panganten pameget istri
    tatahar indit-inditan
    lir rek mum hiji pulo
    pulo bagja kahirupan
    kahirupan rumah tangga
    rintih bandungan parahu
    di katuhu jeung di kenca

  3. Kudu tetep ati-ati
    nyaho kana lilinggeran
    sangkan parahu teu moyeg
    lajuna kudu saimbang
    palias dengdek ka kenca
    ulah beurat ka katuhu
    bisi karem di sagara

  4. Baheula dirauk-rauk
    ku ramo diajak ulin
    ka mana eunteupna julang
    kana pipi Ki Awaking
    kana larang Ki Sorangan
    hidep seuri suka-ati

  5. Ayeuna dirauk-rauk
    Si Julang eunieup ka mendi
    ka dieu ka rumah-tangga
    meunang ngimpleng meunang
    miiih
    meunang ngadegkeun duaan
    nedunan jangji pasini

323