Asmarandana
Bismillah asmaning Gusti,
rahman rahim sipat mulya,
anu murba alam kabeh,
ka Mantenna sugri sembah,
hu Allah alhamdulilah,
reh dinten ieu saestu,
ngersakeun nurunkeun bagja.
Ka panganten jaler istri,
Neng Emma reujeung Cep Tatang,
nu rek mangkat ngalalakon,
dina hirup rumah tangga,
bra! balayar tarik jangkar,
nawaetu rek rahayu,
jauh tina panca baya.
Gerentes sepuh sakalih,
utamina ti Pa Rachmat,
digurit mangrupa sawer,
haleuang eusi piwulang,
|
eung dunga kasalametan,
pikeun ngambah hirup kumbuh,
tungkuseun Emma jeung Tatang.
Kinanti
Panganten anu dipayung,
ku cawiri emas kuning,
mugia ditangtangayungan,
ku Allah Rabbul Izati,
Dat Tunggal Nu Maha Akbar,
nu kagungan bumi langit.
Bur sawer tawur tinawur,
diriring-riring hariring,
pitudah dina siloka,
sing katampi sing kasurti,
ku manah nu wijaksana,
ku hidep deudeuh anaking.
|