|
|
No. : 36
Penggubah : Ki Umbara; L
Umur : 68 tahun
Pekerjaan : Pens. Kep. SMP Muslimin Bandung
Tempat : Bandung.
- Rarepeh pameget istri, ieu rek ngawuruk putri, piwuruk terus jeung satri, supaya jadi pamatri.
- Kuring isin mah kantenan, ku sadaya nu mayunan, disebutkeun nanaonan, ngalilakeun ka oganan.
- Tapi neda suka lilah, da ieu rek nyaweu heula, nukakeun pada kaula, sakieu mah moal lilah.
- Ngatuangkeun sakieu mah, padamelan nu di imah, mokaha lain percumah, ngalap ganjaran walimah.