Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/336

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Mun ka bojo nia! pelii, langtu halena nyungkelit, manana nurui anggur sengit, anjogna pupelil-pelii.
  2. Tah kitu bisi teu nyaho, tutiyna silih dodoho, mana kudu ulah poho, kudu bawa sakanaonaho.
  3. Jeung lamun hayang nyerahkeun, ulah gawok ditunitkeun, kudu dituhan reureulikeun, sing asak beuweung-utahkeun.
  4. Kudu layeut reujeung bojo, masing bur beureum bur hejo, loba keun loba kejo, kolot sina ngeunah nenjo.
  5. Hade budi ka pangampih, jeung tatangga runtut rapih, pambrih loba anu asih, menak kuring wedi asih.
  6. Mugi tetep ka-Islaman, maot mugi mawa iman, di dunyana masing aman, ayena geus ahir jaman.
  7. Masing kukuh ka sasaka, kudu inget ka pusaka, ulah hayang ku salaka, kudu hayang merdeka.
  8. Kudu pageuh ka luluran, baheula teh Pajajaran, anu mimiti nyauran: ulah sok katalanjuran.
  9. Kuring nyawer ieu geus rengse, sakitu kuring nya jampe, sugan sakitu ge sampe, lumayan keur baris kope.
  10. Ongkoh lamun papanjangan, isin temen ku ondangan, geus ngurubuk patuangan, ngantos-ngantos pamasangan.
  11. Mangga ayoh peribumi, ieu panganten geus lami, geura balikkeun ka bumi, dina amparan nu resmi.

_*_

327