Nu jadi pusering bakal
bakalna pancering hurip
ti rama bakal nu putih
ti ibu bakal nu kuning
Pat puluh dinten lamina
nyurupna aya di rama
salin ngancik salin asma
nur lenggang putih kancana
Awor kaulaning Gusti
mung tujuh dinten lamina
mangrupi jadi nur cahya
tumaninah sareng mulya
Linggih dina cupu manik
nur cahya nitis lugina
lamun salapan bulan
mangrupi badan rohani
Ngancik dina bumi suci
ngaliwat sanghiyang rasa
mapay ka sanghiyang lingal
ngalih ka sanghiyang cahya
Metu ka sanghiyang guru
lungguh di tangkal alhamdu
lenggah di tangkal bismillah
ngendong rupana manusa
Nanging masih babakalan
herang bakal baetal mulya
hurung bakal baetal mamur
ngeplak bakal baetal iklas
Ka lenting kekeling peujit
ka lengleng lakuning santen
kama nu jadi cahaya
cahaya rupa manusa
|
Yang menjadi pusat cakal
bakalnya sumber hidup
dari ayah bakal yang putih
dari ibu bakal yang kuning
Empat puluh hari Iamanya
menyusup ada pada ayah
berganti tempat berganti nama
cahaya gemilang putih kencana
Berpadulah hamba Allah
hanya tujuh hari lamanya
berupa bentuk nur cahaya
serasi dan mulya
Bersemayam dalam cupu permata
nur cahaya menitis bebas
andaikan sembilan bulan
berbentuk badan rohani
Tinggai di bumi suci
menyelusup ke dalam rasa
merayap ke dalam penglihatan
berpindah pada cahaya
Keluar kepada guru
bersimpuh di pohon alhamdu
duduk di pohon bismillah
jernih bening rupa manusia
Namun masih berupa cakal
jernih bakal tempat mulya
menyala bakal ternpat manusia
memutih bakal tempat ikhlas
Untuk mengeluarkan isi hati
semoga bingung datangnya tembuni
kama yang menjadi cahaya
cahaya rupa manusia
|