Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/72

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1.  Sang ibu teu puguh rampa,
    estu loba nu karasa,
    lieur lendeng sebel rosa,
    barang tuang teu mirasa.

  2.  Asa hayang asa embung,
    teu ngareunah lamun ngambung,
    opat bulan estu ngungun,
    sadaya wanita maklum.

  3.  Getih nu gumulung tadi,
    direka ku Maha Suci,
    dina patuangan jadi,
    manusa anu utami.

  4.  Taya kakiranganana,
    lengkep jeung pancaindrana,
    malah dipasihan rohna,
    nyata aya karaosna.

  5.  Ngeleper geus lima bulan,
    dilebet estuning aman,
    henteu aya nu ngagokan,
    sumawonna ngaheurinan.

  6.  Estu ni’mat samemena,
    sanajan heurin tempatna,
    kokotorna warna-warna,
    bayi tetep jeung sucina.

  7.  Anggur salira Ibuna,
    ayeuna mah katingalna,
    cahayaan pameunteuna,
    nambih kamanisanana.

  8.  Bayi henteu ngahalangan,
    sanajan angkat-angkatan,
    ngan ukur gugurinjalan,
    Ibu henteu kawalahan.

  1.  Sang ibu hilang pegangan,
    banyak nian yang terasa,
    pusing mual bergantian,
    makanpun tidak berasa.

  2.  Hilang timbul rasan-rasan,
    tidak tentu penciuman,
    empat bulan dalam sendu,
    maklumlah semua ibu.

  3.  Darah nan telah menyatu,
    direka Yang Maha Suci,
    dalam kandungan menjadi,
    manusia utama pasti.

  4.  Tiada kekurangannya,
    lengkap dengan pancaindra,
    bahkan rohpun diberi-Nya,
    buktinya terasa nyata.

  5.  Bergeletar lima bulan,
    aman di dalam kandungan,
    aman tiada gangguan.

  6.  Nikmat dan tentram terasa,
    walaupun sempit tempatnya,
    dan kotoran warna-warni,
    bayi pun tetaplah suci.

  7.  Malahan kini sang ibu,
    tampak bersinar wajahnya,
    bertambah seri manisnya.

  8.  Bayi tak jadi penghalang,
    walaupun berjalan-jalan,
    jabang hanya bergelinjang,
    sang ibu tak kewalahan.

59