Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/81

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Ari pingaraneunana,
    Di antara nu sabulan,
    katelahna eta gaib,
    gaib pastining yang Widi.

  2. Tilu bulan keur gumeter,
    dina jero wewetengan,
    opat bulan dina usik,
    lima bulan tumpak bali.

  3. Genep bulan geus mangrupi,
    tujuh bulan ngusik-ngusik,
    dalapan bulan geus nyukupan,
    henteu salah dingaranan.

  4. Dat sifat mujijat cahya,
    jabang bayi keur lumenggang,
    nitih ti bali ngajadi,
    geus nepi kana ugana.

  5. Ngagubrak utun ka dunya,
    nelah sang ratu guyubul putih.

  6. Dijaring ku indung peuting,
    Dilanglang ku indung beurang,
    rabul anu narareang,
    tatangga hayangeun terang,

  7. Teu petot katatamuan,
    sumawon ti kawargian,
    marawa parejekian.
    nyumbang geusan kaperluan.

  8. Ayeuna teh geus waktuna,
    geus ninggang patokanana,
    anu kumaha umumna,
    jangkep ka opatpuluhan.

  9. Utun urang pelesiran,
    ku ema paiaji diemban,

  1. Adapun bakal namanya,
    dalam usia sebulan,
    gaiblah itu namanya,
    gaib ditentukan Tuhan.

  2. Tiga bulan bergeletar.
    di dalam alam kandungan,
    empat bulan ’tlah bergerak,
    naik tembuni ke lima bulan.

  3. Enam bulan ’lah berupa,
    'lah bergerak tujuh bulan,
    delapan bulan genaplah,
    tidak salah dinamakan.

  4. Dat sifat muzizat cahaya,
    si jabang lagi cemerlang,
    datang dari mula jadi,
    saatnya datanglah pasti.

  5. Lahir ”Utun” ke dunia,
    bernama Sang Ratu Guyubul Putih.

  6. Dijagai mega kelam,
    di dampingi dukun bayi,
    beriring orang bertandang,
    tetanggapun mendatangi.

  7. Tamu datang bergantian,
    keluarga berdatangan,
    rizki yang dia bawakan,
    keperluanpun tersumbang.

  8. Kini tibalah saatnya,
    sudah sampailah jangkanya,
    pada hari keempat puluh,
    melakukan kebiasaan.

  9. Utun, marilah bersenang,
    oleh mak dukun diemban.

68