Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/89

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Gusti mere tuduh jalan
    dina alam pawenangan
    ulah osok kajongjonan
    ku Asep ganeang teangan

  2. Teangan eusi dunyana
    lamun Asep tos sawawa
    ulah sok sakaba-kaba
    kudu ngagugu ka bapa

  3. Indung anu ngaping
    dijaga beurang jeung peuting
    pikir Asep kudu nyaring
    bapa rek mere pepeling

  4. Pepelingbapa regepkeun
    poma ulah dibaekeun
    diajar kudu sing leukeun
    sangkan bisa ngahartikeun

  5. Hartikeun Asep ayeuna
    bapa mepelinganana
    lebetkeun kana manahna
    ditampi ku gumbirana

  6. Gumbira ibu ramana
    ningal nu janten putrana
    damang dina salirana
    teu kinten mani bingahna

  7. Bingah taya keur ngabanding
    ngaleut ti suklak ti lamping
    ondangan atos sammping
    ngabrul mapi gararinding

  8. Ngabrul saparakaneana
    hoyong terang ka putrana
    anu disepitanana
    mugi syukur sadayana

  1. Tuhan telah memberi jalan petunjuk
    di tengah alam ramai ini
    janganlah sampai terlalai
    olehmu segeralah cari.

  2. Carilah makna isi dunia ini,
    kalau engkau telah menginjak dewasa,
    jangan terbawa ajakan godaan,
    turutilah nasihat ayahmu.

  3. ibumulah yang membimbing,
    diawasi siang dan malam,
    pikiranmu hanis selalu terjaga,
    bapak hendak menasihati.

  4. Nasihat Bapak dengarkan,
    sekaii-kali jangan kaubaikan,
    belkjarlah dengan rajin,
    agar engkau bisa memahaminya.

  5. Pahamilah anakku sekarang,
    bapak memberi nasihat,
    eamkanlah di hatimu,
    terimalah dengan kesenangan hati.

  6. Senangjah hati ayah bunda,
    melihat anaknya,
    sehat segar dirinya,
    tidak habis rasa sukanya.

  7. Rasa senangnya tiada bandingnya
    berduyun-duyun datang dari jauh,
    undangan sudah berdatangan,
    datang berpakaian indah.

  8. Berdatangan dengan sahabatsahabatnya},
    ingin menyaksikan anaknya
    yang dikhitan,
    memuji syukur semuanya.

76