Lompat ke isi

Kaca:Pusaka Ratu Teluh.pdf/103

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

DONGENG KAGENEPWELAS

Teu ngahiding poek peuting, meredong pikakeueungeun, kawas duruwiksa galak, minangka panonna seuneu, anu hurung muntab-muntab, ngagedur di panghuruan, anu gede wawanenna, Raja Triwikramasena tea, terus ngajugjug tangkal simsapa, nyandak Ratu Teluh. Geus beunang rigidig dipanggul deui. Keu jongjon angkat, pok Ratu Teluh ngandika ka Sang Triwikramasena: „Lah, Sang Raja bet cape pulang anting teh, nanging anjeun mah heunteu sigana. Dangukeun ieu aya perkawis jembet:

Baheula di tanah Dekkan aya dalem Aria Dipati, jenenganana Darma, kasohor pepentol jelema bageur, beunghar ku kadangwargi. Ari geureuhana kakasihna Candrawati, asal ti tanah Malawa, turunan menak luhur, istri ratuning nu geulis.

Dalem Dipati ti pawarang Candrawati kagungan putra istri nunggal, wawangina Ayuwati, jenengan surup sareng buktina.

Barang nyi kania geus rumajaputri, sedeng kagungan caroge. Dipati Darma dilungsur tina kalungguhanana, dirusuhkeun ku para wargina, nu pada sabilulungan hayang ngarecah nagara. Tengah peuting Dipati Darma lolos, nu nyarengan ngan garwa jeung putra, candakna ngan barang pepeten anu gede hargana. Angkat lempeng ngajugjug tanah Malawa, nagara palinggihan mertuana. Peuting eta keneh sumping ka leuweung Windia. Tacan jauh ngambah leuweung, peuting cara nu tas ngaping paturay kawas nu ceurik, cai reumis cai ibun kapan minangka cipanon anu raragrag.

Ti wetan geus hibar caang, cahya srangenge sumirat ka langit, cara nu ngacungkeun curuk ngisarahan mere pepeling ka nu lumaku: „Ulah ka dinya, werit.” Da puguh angkat badarat, sarawuh putra jeung garwa, sampean ruksak raraheut ku cucuk jeung jujukutan nu sareukeut. Jol sumping ka lembur singkur, jelemana tukang babadog rarampog, tega ngarebutan nyawa batur. Ku jelema nu balener mah eta lembur teh pada nyingkahan saperti kana tempat pacareman.

Barang urang lembur awas ka nu ginding-ginding, rabul nya-

101