Heh, ieu tampanan si Kadgawijaya[1]. ku pangasih eyang engke sagala anu geus dijangjikeun ku awak bakal kalakon.”
Sanggeus ngandika kitu sarta pedang jimat puputon geus katampi ku Raja, les musna Batara Siwa, diiring ku puji, dibaktian kekembangan.
Lastari sagala damel Prabu Triwikramasena mulih deui ka dayeuh Pratistana isuk-isuk geus rek caang. Abdi-abdi meunang beja kajadian peuting eta, pada ngahormat ka Raja, poe eta di nagara ngadadak ngadeg pesta. Sapoe eta Raja susuci, ngabagi-bagi sidekah, ngabakti ka Batara Siwa, pesta ngayakeun ibing, tembang jeung kawih, rame tatabeuhanana, jeung rea-rea deui tanda nembongkeun kabungah.
Ngan kaheuleutan sawatara poe ti harita ku maunatna pedang pusaka Batara Siwa tea, Sri Narendra Prabu Triwikramasena kalaksanakeun jadi ratu nanggulang, murba saalam dunya, malah katut jeung sakabeh kahiangan.
Nepi kana mangsana kalawan timbalan Batara Siwa Raja madeg ratu ngawisesa sakabeh dedemit. Lawas ti lawas ngaraos tutug nu dimaksud, pes sirna ing pawenangan awor abdi lawan Gusti.
- ↑ Pedang si Taraeleh.