Lompat ke isi

Kaca:Pusaka Ratu Teluh.pdf/23

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

tarate garanti rupa, jadi paul ngalimeng tingguliweng muncul ti. jero talaga. Pameunteuna anu geulis gumebray ngungkulan bulan, matak ararisineun kekembangan, ngabandang manah nu anom, nu kasep Wajramakuta. Tapi henteu panasaran da bogoh henteu nogencang, soca nu geulis kacangcang, tepung tingal jeung satria, lat lali di kapengkuhan, panganggo istri sajati.

Rajaputra keur ngamanah, naha eta teh saha. Istri api-api ningkah, lantipna mere isarah, netelakeun urang mana jeung saha-sahana tea; tina mangle dina sirah nyabut tarate sahiji, dicocokkeun kana cepil, tuluy ngagesrekan waos, top nyandak kembang tarate, pek dianggo siger, geus kitu netelkeun leungeun kana dada lebah hate, kabeh-kabeh eta teh aya maksudna. Harita Sang Rajaputra teu ngartos kana isarah, anu surti ngan mitrana, putra mantri agung tea.

Sanggeus aya antarana nu geulis teh tuluy mulih diiring ku pangiringna. Ari geus sumping ka bumi, dug ebog dina dipan, manah ngait ka nu kasep bari ngemutkeun siloka nu tadi diisarahkeun.

Rajaputra oge mulih, tanpa daya lir Gatotkaca keuna ku panah Konta, giung wuyung matak ngahelas, paturay jeung anu geulis.

Hiji mangsa keur waktu paduduaan Budisalira tumaros ka Rajaputra, naon nu dianggo ngangluh, disambung pihatur manis, kapan istri teh teu aya halanganana diteang. Rajaputra ngawangsulan humandeuar: „Kumaha arek diteangna, teu nyaho saha ngaranna, teu nyaho di mana lemburna, teu nyaho ibu-ramana. Ki silah naon gunana ngagedean lalamunan?”

Ngarungu pilahir Rajaputra kitu, enggal putra mantri jawab: „Aeh-aeh ari gamparan, naha henteu katingali, balakana ku isarah? Ku tarate dicocokkeun kana cepil, eta haturan ka gamparan: „Abdi urang nagara bawahan Srinata Karnotpala[1]”; dupi ngagesrekan waos, nguningakeun: Abdi seuweu Empu Gading?[2]”; disiger kembang tarate, eta tegesna miunjuk, kakasihna Padmawati[3]; panangan netel jajantung, anjeunna wakca balaka: „Buah


  1. Tina: karna utpala; karna = ceuli, utpala = kembang tarate.
  2. Dina Sangsakreta huntu jeung gading kecapna sarua keneh.
  3. Hartina nu aya kembang taratean.
21