Lompat ke isi

Kaca:Pusaka Ratu Teluh.pdf/25

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

loba pangrurubana, nepungan Nyi Padmawati, henteu lila geus kurunyung datang deui. Ku nu duaan ditanya, nini-nini heug ngajawab: „Ema parantos ka ditu, agus aya di dieu diharewoskeun, tapi barang ngadenge omong ema, ana paralak teh nyarekan heg leungeunna dibalur ku kapur barus, ana gampleng ka ema teh nyabok kana pipi kenca-katuhu. Bet asa diteung-teuingan, ema mulang bari ceurik. Geura ieu agus, tingali tapak ramona dina beungeut ema."

Tutup nini cacarita, putra mantri imut manis haturan ka Rajaputra: „Ulah waka rentag manah. Lantaran Nyi Padmawati nyarekan ka nini, eta teh nyimpen rasiah, dupi tapak ramo nu sapuluh kenging ngabalur ku kapur barus, maksudna teh nyariosan, yen Gamparan kedah ngantos sapuluh wengi, margi sabot caang bulan dina tengahan sasih kaemutna henteu sae keur patepang."

Ti dinya putra mantri teh bubunian ngajual perhiasan emas nu dipake dina leungeunna ka pasar, ladangna dibalanjakeun, nini-nini sina olah, nyadiakeun katuangan nu raraos, geus kitu brak tiluan sukan-sukan balakecrakan. Barang nu sapuluh poe geus liwat, teu karasa da dipake balakecrakan, putra mantri ngutus deui nini-nini ngalanglang ka Padmawati. Katagihan ku ngeunah dahar jeung nginum, jeung ngingetkeun kahadean, gijrig nini indit ka imah Nyi Padmawati. Henteu sabaraha lilana geus kurunyung datang deui, pok carita: „Ayeuna mah ari jol teh ka itu, boro-boro mun ngawaro, kana pamenta agus ngahina, teu lemek sakemek-kemek acan, ngan jeplak bae ieu kana dada ema neunggeul ku ramo tilu beunang ngabalur ku elak. Geus dicirian kitu mah ema terus bae mulang."

Putra mantri ngareungeu caturna nini, pok haturan ka Rajaputra: „Mugi ulah rejag manah, margi kapan eta tapak ramo tilu kenging ngabalur ku elak dina harigu nini, nawiskeun nyuhunkeun tempo tilu dinten, lantaran udur."

Heuleut tilu poe ti wates nyarita kitu, nini dijurungkeun deui ka Padmawati. Ayeuna alus anginna nini datangna dipikasono diaku dihade-hade, disuguhan inuman anu ngareunah jeung sajaba ti eta sarta sapoe harita diandeg. Barang geus sore nini-nini amitan

23