rek mulang, di luar jelema gehger, tinggorowok: „Leupas! leupas! gajah ngamuk, ngaruksak jelema!" Ku sabab eta Padmawati pok ngomong ka nini-nini: „Ema, ulah rek jalan ka ditu ka jalangede, bisi cilaka ku gajah. Ema rek didiukkeun dina bangku, diulur ti dieu tina jandela, jut ka kebon pipir gedong. Ti dinya ema kudu naek kana tangkal itu tuh, turunna tina tangkal nu luareun tembokan, ti dinya mah ema moal burung nepi ka imah." Geus nyarita kitu, prak nini-nini teh tina jandela diulur dina bangku tea ku lanjang-lanjangna Nyi Padmawati. Nini-nini terus ngincid mapay jalan panuduhan, sadatang-datang ka imah alewoh carita gemet pisan ka Rajaputra jeung putra mantri. Ti dinya putra mantri pok haturan: „Tah geuning paneja gamparan laksana, jalanna parantos dituduhkeun. Engke dimana parantos poek geura angkat ka ditu, nepangan buah manah tea, mapay jalan urut nini."
Tuluy Rajaputra angkat disarengan putra mantri, jalanna ka nu geus dicaritakeun ku nini-nini tea, liwat benteng jol ka kebon. Bangku ngagawing kana tambang geus katingali, ari tina jandela diarawaskeun ku nu nyarekelan tambang. Gek Sang Rajaputra calik dina bangku. Awas anu nyarekelan, gancang tambang pada narik. Gujrag sumping, Rajaputra geus mayunan anu dianggo kaemut. Nu diiring salamet enggeus di jero, putra mantri tuluy mulang ka pondokna. Sang Rajaputra ningali Nyi Padmawati, geulis lain kaulinan, raray ngempur lir bulan purnama, tapi nyumput kawas nu sieun ku poek. Barang geus sidik nu sumping, jung anu geulis nangtung, mapag ngarontok ngarangkul, kasonoan teu diawer, ma'lum anu ngatong ti bareto. Geus kitu mah raos-raos Rajaputra sasarengan jeung kakasih, da geus nikah bubunian, kahayang enggeus laksana.
Sanggeus sawatara poe sasarengan, anjeunna sasauran ka nu geulis kakasihna: „Nyai, sobat engkang, putra mantri, anu ngabelaan engkang, ayeuna aya di dieu deuih, sorangan bae di imah pangaping Nyai. Engkang rek nepangan heula, Eulis, moal lila engkang teh ka dieu deui."
Seukeutna Nyi Padmawati mireng pilahir caroge gancang tumaros: „Aeh gamparan, isarah abdi kapungkur teh ku