Lompat ke isi

Kaca:Pusaka Ratu Teluh.pdf/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

gamparan atanapi ku sobat gamparan, putra mantri tea, kahartosna?"

Rajaputra ngawalonan: „Lah Nyai, engkang mah teu ngarti saeutik-eutik acan, manehna nu ngartieun teh, kabeh diterangkeun ka engkang, da eta manehna mah surtina leuwih ti jelema.”

Mireng kasauran kitu nu geulis ngahuleng sakedap, tuluy pok haturan deui: „Aeh-aeh, naha gamparan bet kitu, teu sasauran ti awalna nyarioskeun itu. Eta sobat gamparan teh pantes diangken dulur ku abdi, eta anu kedah diheulakeun ku abdi diutamikeun disuguh lemareun sareng sajabi ti eta."

Tutup cacariosna sarta geus kaidinan, Rajaputra jengkar ti peuting, jalanna ka urut sumping tea, maksadna nepangan sobat. Barang Sang Pangeran sumping, lajeng nyarioskeun lalakonna ka sobat tea, teu aya nu kaliwat, hal mopoyankeun ka geureuha, yen sobat anu nerangkeun isarah-isarah kabeh. Putra mantri teu panuju ka Rajaputra balaka kitu ka Padmawati, pihaturna: „Tah, eta teu sae."

Kacarita peuting kaganti ku beurang, geus bray-brayan caang. Barang bada talapakur subuh, keur guntreng sasauran, jol piwarangan Padmawati, mawa katuangan jeung lemareun. Bada naroskeun kawilujengan ka putra mantri sarta nyanggakeun kikintun, haturan nu api-api, supaya ulah kaciri, sangkan Rajaputra ulah nuang kikintunna, nya eta barang putra mantri arek prak ngaraosan katuangan, nyi emban unjukan ka Rajaputra, basana diantos ku dununganana; geus kitu leos indit.

Putra mantri pok nyarita: „Gamparan, geura ieu tingali, abdi bade nembongkeun kaanehan." Sanggeus nyarita kitu, katuangan eh sok dibikeun ka anjing sina dihakan, dadak sakala harita keneh anjing jengker.

Kaget Rajaputra ningali, mariksa ka putra mantri: „Naon eta teh, bet ajaib teuing?"

Ngawalon nu dipariksa: „Ku margi rai uninga, yen abdi jalma mangarti, lantaran tiasa nerangkeun isarahna, sejana maehan abdi, nya jol ngintun katuangan kenging nyampuran baruang. Tina sanget micinta ka gamparan, anjeunna kagungan panginten dina manahna, upami abdi ajal, tinangtos manah gamparan teh tamplok ka anjeunna. Satungtung diaping ku abdi, rai risi bilih

25