Lompat ke isi

Kaca:Pusaka Ratu Teluh.pdf/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

gamparan ngantunkeun mulih ka nagara. Jadi keun bae, ulah bendu ka rai, anggur urang metakeun tarekah, engke abdi bade mikir, kuma pipetaeun gamparan, supados gamparan gagah ngamilikna eta istri, ninggalkeun kulawargina.”

Barang Rajaputra keur muji sobatna: ,,Nya bener ki silah, disebut Budisalira teh keuna pisan,” ujug-ujug raong bae di luar rame jelema careurik bari sasambat, nyeungceurikan putra Raja nu anom keneh pupus.

Budisalira atoh asa dibere pijalaneun, pihaturna ka Rajaputra: „Tah gamparan, engke wengi angkat deui ka bumi rai. Padmawati, rai kedah dibelekbek ku leueutan nu matak mabok sing dugi ka ngajehjer, teu usik teu malik sapertos anu hilang. Sabot rai jongjon kulem, sret bae cap lebah imbitna ku trisula kenging meuleum dugi ka beureum, rangsadan perhiasanana, enggal mulih kana jandela mapay tambang. Lajengna keun kumaha abdi, supados lulus jadina.”

Tamat haturan tuluy nitah nyieun trisula anu seukeut lancip cara jarum sarta barang geus anggeus disanggakeun ka Rajaputra. Trisula enggeus kacangking, manahna taya rasrasan cara istri kakasihna, gilig cara hatena Budisalira, jangji bakal ngalampahkeun sakumaha papatah tea, gidig angkat ti peuting ngajugjug imahna Nyi Padmawati. Kapan dina ngaheuyeuk nagara oge pituahna mantri anu satia ku raja teu meunang dibaekeun.

Gancangna carita sanggeusna dimabokan, biritna dicap ku trisula, papakeanana bangsa emas-inten dirangsadan. Rajaputra mulih deui nepangan mitrana, Perhiasan emas inten ditembongkeun, dek carios mopoyankeun lalampahan. Pikir putra mantri akalna keuna.

Isukna isuk-isuk manehna indit ka panghuruan, dangdanna nyamur pandita, ari Rajaputra nyamur minangka catrikna, Pandita nyaur ka catrik: „Jeu kongkorong mutiara, jig geura bawa ka pasar, api-api arek dijual, tapi sing luhur nawarkeunana, supaya euweuh nu daek meuli, tapi sing kadareuleueun ku jelema-jelema, bawa ngider eneng-eneng. Mun ditangkep ku pulisi, entong sieun, bejakeun ieu ti guru, dipiwarang dijual.”

Tumut satimbalan guru, ki catrik bral ka pasar, gen di dieu

26