perkarana, matak nyeri peurih keur kolotna nu meunang hukuman, Ku pituduhna pandita Padmawati kudu dibuang, disingkirkeun ti dayeuh. Sanajan geus dibuburak, kabalangsak aya di leuweung, poek pipikiranana, nu geulis teh kana pati mah teu tega, sabab cek dina pikirna, ieu tangtu panggawe akalna putra mantri.
Wanci sareupna anu keur lara prihatin kasusul ku Rajaputra sasarengan jeung sobatna, tarunggang kuda, geus nunda jadi pandita, Sanggeusna dililipur, ditumpakkeun kana kuda, tuluy dibandang ka nagara Rajaputra. Saterusna Rajaputra lulus mulus migarwa Nyi Padmawati.
Samarukna Empu Gading mah anakna paeh di leuweung, dihakan ku sato galak, tuluy ajal kaleleban, bojona nuturkeun maot.
Tamat dongeng, Ratu Teluh naros ka Raja Triwikramasena: „Supados ical kabingung, cik sebatkeun saha anu nanggung dosa, nu jadi lantaran maotna Empu Gading sareng bojona, naha putra mantri, Rajaputra atanapi Padmawati? Anjeun teh kapan manusa nu pangpinterna. Sing emut Sang Raja, saupami teu kersa ngawalon nu saleresna, padahal uninga pijawabeunana, ulah sambat kaniaya, eta mastaka teh bakal bubuk.”
Sang Raja Triwikramasena uninga pijawabeunana, risi ku pangancamna Ratu Teluh, kieu ngawalonanana: „Anjeun, anu luhung ngawisesa kasaktian, piraku henteu uninga. Nu dosa teh sanes eta nu tiluan, nanging Raja Kamotpala.”
Ratu Teluh mindo nyaur: ,,Kumaha? Raja? Har, kapan eta nu tiluan nu baroga dosa teh. Moal enya bae gagak disebut nu boga dosa, ari soang nu ngahakanan parena mah.”
Sang Raja ngalahir deui: „Eta nu tiluan pada henteu gaduh dosa, margi: putra mantri ngabelaan dununganana, jadi teu keuna: Rajaputra sareng Padmawati kabiruyungan pada giung, teu uninga di bebeneran, mung ngurus kangeunahan sorangan, ieu oge teu keuna ku dosa. Ari Raja Karnotpala mah, kirang wiwaha yudanagara, henteu nalungtik nganggo mata-mata, kumaha nu sayaktosna kaayaan abdi-abdina, jadi teu uninga kana kaawonanana, henteu telik kana laku-lampah sareng sajabi ti eta rahayat ku