Lompat ke isi

Kaca:Pusaka Ratu Teluh.pdf/32

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

DONGENG KADUA

Ti dinya Sang Raja Triwikramasena gidig deui ngajugjug tangkal simsapa tea, arek nyandak deui mayit nu diasupan Raja Teluh. Sumping ka handapeun kai larak-lirik, di nu poek sacaang-caangna oge cahaya seuneu ti pangdurukan, katingali mayit teh ngagoler dina taneuh jeung sesegrok. Rigidig mayit dipanggul, tuluy angkat gancang ngarerepeh. Ratu Teluh pok deui ti lebah taktak: „Sang Raja, manten keur ngalakonan damel anu pohara abotna, ku margi eta minangka panglejar manah, urang ngadongeng:

Sisi walungan Yamuna aya padepokan ngaranna Brahmastala. Kacarita hiji mangsa aya brahmana jenengan Agnisawamin, nu geus tamat ngaos Weda, calik di dinya. Putrana istri ngan sahiji-hijina, geulisna kawanti-wanti, kakasihna Nyai Mandrawati. Sang Brahma sanggeus ngadamel nyi Mandrawati, anu lucu taya papadana lucu, moal boa meureun ngaraos ceuceub kana dadamelanana nu ti heula, nya eta para widadari di langit.

Barang nyi lanjang rumaja putri, sedengna carogean, jol aya tilu nonoman bangsa brahmana ti nagara. Kaniakubja, sarua pada binekas tiluanana. Pada-pada nanyaan Nyi Mandra, basana ulah rek dikanu-sejenkeun, nepi ka naruhkeun umur. Bapa nyi lanjang bingung, ka dieu henteu-ka dieu henteu, da eta dibikeun ka nu saurang, sieun nu duaan deui maehan maneh. Jadi nyi lanjang tetep lanjangna. Tapi nonoman anu tiluan cicing bae di dinya, beurang-peuting taya kabosenanana mencrong raray nu geulis, moncorong cara bulan.

Na ari geletuk teh Nyai Mandrawati nepi ka hanteuna, puput ajal lantaran panyakit panas. Mayit beunang ngadangdanan dianteurkeun ku tiluan, nonoman brahmana tea, ka panghuruan, atina pinuh ku kasedih. Prak mayit dihuru sakumaha biasana. Nu saurang tuluy matuh, nyieun saung, teu ingkah ti panghuruan, lebu mayit dipake geusan pangsarean. Dahar pake ngandelkeun beunang musapir. Nu kadua tuluy jarah ka bangawan Logangga, ngunclungkeun tulang-talengna mayit sesa ngahuru1).


 

1) Cek kapercayaan Hindu, sampurnana nu maot, tulangna dialungkeun ka Logangga.

30