,,jahat, kenging ngarumpungan ceulina ditundung ti nagara; ,,rajakaya mitohana cek paripaos sarebuk samerang nyamu teu ,,aya kantunna, sadaya dirampas jadi milik nagara; bangsat, tina ,,kamanah ku raja, dijungjung lungguh, dijenengkeun hakim. ,,Ayeuna kauninga, watekna awewe bawa ngajadi awon sareng ,,palsu."
Tamat nyaritana nori, nepi kana jangji tutug panyapa Batara Indra, les ngahiang jadi dewa, jenengan Hyang Citrarata, munggah deui ka sawarga. Dina saat eta keneh ciung tamat nandangan saksa, les murca tina paningal, salin jinis jadi deui widadari, wawangina Tilotama, mumbul munggah ka sawarga.
Ari anu jadi pasal, paduna nori jeung ciung, tacan kaburu diputus." Nepi ka dinya ngadongengna Ratu Teluh naros keui ka Sang Raja Triwikramasena: ,,Mangga saurkeun, mana anu awon teh lalaki atanapi awewe? Sing emut, upami teu kersa ngajawab, mastaka bubuk temahna."
Ngadangu Ratu Teluh kitu pokna, Raja ngalahir; ,,Ajengan ratu wisesa, awewe nu goreng teh. Lalaki mah kapan bisa jahatna teh kakapeungan, ari awewe mah jahatna teh saendeng-endengna, teu aya usumna, teu aya lebahna."
Ari Raja geus sasauran kitu, les deui Ratu Teluh tina panggulan. Raja prak deui ngalakonan damel bangga, nyandak mayitka urutna.