Lompat ke isi

Kaca:Pusaka Ratu Teluh.pdf/45

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Meunang jawab kitu ti nu pinter Harisewamin ngagebeg reuwas pok nyarita: „Lah ieung, kumaha pibeunangeunana deui, kumaha ieu kawinan teh ana geus kieu?”

Anu sakti cengkat, pok ngomong: „Is, entong dianggo reuwas, ayeuna mangga urang ka tempatna, panuduhan ieu nu waspada.” Sakedep netra kareta nu bisa ngawang-ngawang samakta jeung pakarang perangna, geus jogo, ciptaan nu sakti tea. Sanggeus Harisewamin, nu pinter jeung nu wani clukclak tarumpak, seot ka imah buta, nu geus dituduhkeun ku nu pinter tea di leuweung Windia. Buta ngadenge aya guruh-guruh di luar, bijil bari ngambek, diayonan ku nu wanian, beunang ngahaja ku Harisewamin diteundeun di hareup, der diperangan. Perang rame kacida, pakarangna ganti-ganti, perang marebutkeun awewe, cara Sri Rama jeung Rahwana. Buta keur meujeuhna napsu, kasabet panah-bulan-tumanggal, sirahna ngagelenceng. Buta geus eleh perangna, Nyi Nawangwulan dicokot ti imah buta, ti dinya breng bareng mulang dina kareta ciciptan nu sakti tea. Nepi ka imahna Harisewamin, nonoman nu tilu hoghag parebut. Cek nu pinter: „Lamun teu kanyahoan ku kuring, kumaha rek pibeunangeunana deui? Nu matak parantos ieu mah pibojoeun kuring.” Cek nu sakti: „Lamun kuring henteu nyieun kareta nu bisa ngawang-ngawang kumaha bisana aranjeun indit datang cara dewa ngan sakiceup, kumaha pibisaeunana merangan buta tumpak kareta, mun urang teu boga kareta deuih? Ku sabab eta kudu ka kuring dibikeunna, lantaran kuring nu mutus ieu perkara.” Anu gede wawanen pok lemek: „Lamun eta buta henteu eleh diperangan ku kuring, najan jasa anjeun duaan, nyi panganten teh moal kabawa deui ka dieu. Jadi kudu ka kuring dibikeunna.”

Harisewamin ngarungukeun nu keur padu ngaheluk, bingung teu lemek teu nyarek.

Tah ayeuna, Sang Raja, geura saurkeun, ka saha kedah dijodokeunana. Upami uninga pijawabeunana, nanging teu kersa nyaurkeun eta mastaka beulah engke.

Barang Raja Triwikramasena ngadangu Ratu Teluh kitu, pok ngalahir: „Eta awewe teh kedah dibikeun ka nu wani, nya eta nu tohtohan narohkeun umur, ngelehkeun buta ku tanagana,

43