Lompat ke isi

Kaca:Pusaka Ratu Teluh.pdf/49

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Barang ieu pleng deui geus lila pisan. Nyi Sundariasih teu peta ku sieun, bus deui ka jero candi. Ari bus, ari beh salakina jeung dulurna kitu kaayanana, bluk nyuuh ngadengek bari sasambat: "Tobat, ieung kumaha teuing!"

Teu lilat korejat cengkat, cek pikirna sedih inget ka nu maot kadadak, keur naon hirup oge ayeuna mah; tina geus ikhlas kana pați, pok ngadoa: "Sang Batari, Anjeun anu sampurna, batari nu ngatur bagja, nu nangtayungan kapengkuhan, sareng papagon hukum linuhung. Anjeun teh pangungsen sadaya istri. Anjeun nu purah nyabut kanyeri, nanging naha pun dulur sareng pun lancek ujug-ujug dipaehan? Asa teu puguh-puguh Anjeun bendu ka abdi, margi abdi salamina tuhu tumut ka Anjeun. Mugi-mugi Anjeun kersa ngadangu ieu sasambat simabdi, nyanggakeun diri sakujur. Ayeuna hirup teh abot ditarajang bahla, abdi bakal tilar dunya, nanging upami engke, duh Gusti, siga naon bae oge jinisna sim abdi jol deui-jol deui nitis-manitis gumelar ka dunya, mugi-mugi ieu nu duaan angger sasarengan sareng abdi, tetep sapertos memehna ajal anu saurang pun salaki, anu saurang deui pun dulur."

Sanggeus muji jeung neneda ka Batari sarta sujud ngabakti, los ka handapeun tangkal angsoka, ngadon nyieun cangreud ku areuy. Tapi barang euleungeung ngongkorongkeun cangreud kana beuheung ngong soara tan katingalan, sadana ti awang-awang, pokna: "Ulah kejot borosot kitu, anaking! Kami panuju kacida kana wawanen Nyai, padahal maneh teh awewe hengker. Laan eta tali cangreud, anggur tepungkeun deui kana badanna sirah salaki jeung dulur maneh; duanana bakal hirup deui, tandaning kami miasih."

Ari Nyi Sundariasih ngadenge pangwasit kitu, cul tali deregdeg lumpat muru mayit sanget bungah, tapi lantaran geugeumeueun, rusuh kurang taliti, tayohna geus kitu takdirna, nerapkeun sirah pahili, sirah salakina pel kana awak dulurna, nya kitu deui sirah dulurna ditapelkeun kana awak salakina. Barang nyah harudang harirup deui, teu aya urut-urutna cacad, ngan rada silung rarasaanana, lantaran pahili sirah tea.

Bada silih caritakeun lalakonna, kabeh bungah suka sukur, dug tiluanana pada sujud ka batari, geus kitu tiluanana arindit ka

47