Lompat ke isi

Kaca:Pusaka Ratu Teluh.pdf/50

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

mana sakasukana. Tapi sajeroning leumpang Nyi Sundariasih, neuleu nu pahili sirah teh gawe manehna, gebeg reuwas jeung bingung kumaha nya pilakueun.

Cing mangga Sang Raja geura saurkeun, nu mana tea salakina teh, margi parantos pacampur kitu? Emut kana pangancam, upami uninga, nanging teu kersa ngedalkeun."

Tamat Raja Triwikramasena ngadangu dongeng masalah Ratu Teluh, pok ngalahir: "Anu nyuhun sirah salakina, tah eta ti antara nu duaan teh, salakina, margi sirah bagian diri sakujur nu pangunggulna, kapan jelema teh katangenna dina sirahna."

Ari Raja geus sasauran kitu, teu kanyahoan deui Ratu Teluh tina panggulan geus leos. Raja angkat deui keukeuh bade nyandak.

48