DONGENG KAGENEP
Raja Triwikramasena angkat deui kana tangkal simsapa, kek mayit dicepeng, terus dipanggul dicandak angkat. Ngong deui Ratu Teluh tina lebah taktak sajajalan ngadongeng: "Etang-etang landong palay, aya perkawis kieu Sang Raja, geura mangga dangukeun.
Di alas Anga aya tanah ngaranna Wreksagata. Kacaritakeun di dinya aya brahmana beunghar, ngaranna Wisnusewamin, anu angger sok hajat nurutkeun pituduh Weda. Manehna boga anak lalaki tilu jajaka pada punjul ku seukeut pikirna, beh ditueun ti jelema biasa.
Hiji mangsa para jajaka teh tiluanana dititah ngala penyu ka laut ku bapana, perlu meureun da eukeur sasadian baris babakti nyuguh. Barang manggih penyu, nu cikal ngomong: "Pek kainyah, salah saurang, tewak tuh penyu teh keur sasajen bapa, akang teu kuat ku hanyirna newak penyu teh." Tamat nu cikal nyarita kitu. pok adina nu duaan ngajawab: "Hih, ari akang geus teu daek, kuring mah komo." Nu cikal nembal deui: "Ku duaan atuh pek tewak, bisi bapa nyuguhna teu puguh, dosa maraneh, heug maraneh jeung bapa engke dika-narakakeun." Adina sareuri bari nembal: "Bisa ka batur, ari anjeun lain sarua keneh, ancun!" Nu cikal ngajawab deui: "Naon, na teu nyaho ieu apik? Akang teh kana perkara kadaharan mah kacida apikna, nepi ka teu bisa nyabak anu dipikaembung." Pok diwalon ku nu panengah: "Is, ari kitu mah apik kuring kang, apan kuring teh tampikan ka awewe, lantaran nyaho." Ari nu panengah geus ngomong kitu, nu cikal nitah nu bungsu: "Atuh itu wae si bungsu sina newak penyu."
Ari ieu nu bungsu merengut, halisna mani kerung nembalan ku nu duaan: "Ih barurung, apan kuring teh anu seukeut rasa kana perkara kasur, tampikan anu pohara tea."
Pada-pada embung eleh, tiluanana pada bungah, agul boga rasa punjul, cul penyu leos arindit, ngajugjug dayeuh Witankapura,