Lompat ke isi

Kaca:Pusaka Ratu Teluh.pdf/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

hookeun. Dideuheuskeun deui ka Raja sarta dipiunjuk, sagala nu geus kajadian. Harita keneh ki brahmana disaur, lahir Raja: "Kacida, ieu anu seungit boboreh, seungit minyak, nyambuang samadhab papat, ieu nu panggeulisna, teu kaharti majarkeun bau embe." Tapi nu tampikan ka awewe teu beunang diongget-ongget; Raja mimiti bingbang. Teu lila tina lantipna Raja mariksa teu kaciri, nu geulis wakca, yen gede ku susu embe, lantaran teu boga indung, teu boga babu inang.

Raja muji sajeroning galih kaget kabina-bina, lemesna rasa nu apik ka awewe. Ayeuna geuwat Raja nimbalan nyadiakeun enggon keur brahmana nu katilu, nya eta anu kacida teu payaanana kana enggon. Kamarna garenah pikabetaheun, ranjangna ditumpuk kasur tujuh susun, tilam leuleus lemes beresih beunang nyeuseuh, simbutna deui nya kitu. Dug nu tampikan kana kasur teh ngedeng rek sare. Kakara oge nepi ka tengah peuting, korejat hudang ninggalkeun enggon, nyekelan gigir bari aduh-aduhan nyeri. Gandek-gandek Raja nu aya di dinya terang pada awas dina gigirna brahmana aya tapak melengkung beureum, siga tapak kawat mebes. Gandek-gandek arindit arunjukan ka Raja. Raja nimbalan: "Cing pariksa, bisi aya nanaon handapeun kasur." Bring deui gandek-gandek indit, kasur dipariksa hiji-hiji, beh bae kapanggih handapeun kasur nu panghandapna, aya buuk salambar, ngagoler dina ranjang. Buuk icokot, ditingalikeun ka Raja. Ningali tapak dina badan nu teu payaan kana kasur harita eta jelema teh disaur ka payuneun Raja - mantenna heran kacida, sapeupeuting hemeng galih, nyaur salcbeting kalbu: "Heran, nakumaha nepi ka buuk bisa nyeda, kasur tujuh susun tembus?"

Isukna mantenna ngaganjar ka nu tiluan, nu pada boga kateupaya, tilu keti uang emas, sabab kagalihna: "Eta jelema teh estuning ajaib seukeut rasana jeung teu kaopan pisan!"

Geus kitu mah hih, sarenang-senang bae tinglaligeuh hirup ngeunah, kana penyu geus teu inget-inget, teu nyaho galede dosa, lantaran bakti nyuguh bapana tea malapung teu katarima."

Tamat ngadongengna ieu carita ajaib, Ratu Teluh nu calik dina panggulan, nyual ka Raja Triwikramasena: "Sang Raja, ulah ali kana ancaman, geura lahirkeun, saha di antara nu tiluan; anu

51