Lompat ke isi

Kaca:Pusaka Ratu Teluh.pdf/57

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ngan sakitu dongengna, tuluy Raja Triwikramasena ditaros ku Ratu Teluh, sarta ancamanana nu enggeus diucapkeun ti heula-heula tea dibalikan deui: Ayeuna geura saurkeun Sang Raja, kudu ka saha nyi putri Ananggarati ditikahkeunana?”

Eta diwalon ku Raja ka Ratu Teluh: ”Ajengan mah maksa kuring ulah repeh teh ngan bade manjangkeun carita bae. Naon pereluna geura, ajengan nu sakti mahawisesa, mariksakeun nu kitu, pananya dieusi panghina ieu mah. Kapan moal enya putra kasatria ditikahkeun ka sudra, tukang ninun. Kumaha bade dibikeunna putra kasatria ka wesya, keur naon gunana nyaho kana basa margasatwa. Ayeuna nu katiluna, brahmana tea, naon araheunana Nyi Putri, jelema hina geus teu nyaho di kawajiban? Naon dukun jurutenung. Nu kitu rek dipake andelan? Jadi ku margi eta Nyi Putri teh milik anu kaopat, bangsa kasatria, nurub cupu, da ka kupuna, turug-turug surup kana segutna sareng pangabisana.”

Meunang jawaban kitu ti Raja, les deui tina taktak cara ti heula-heula bae make kasaktianana, jlog deui dina urutna. Raja mulih deui dek nyandak Ratu Teluh. Dina hatena satria mah anu pinuh ku kateguhan teu aya sieun teh.

55