Lompat ke isi

Kaca:Pusaka Ratu Teluh.pdf/61

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

na. Geus kitu tuluy nyarita Ki Darma, najan bungah kadatangan, sanggeusna ngahuleng watara sajongjongan, pokna: „Aduh enung, nuhun sarewu gerah salaksa, katiginan eulis katampi. Kumaha pipetaeun engkang ka enung, kapan enung bojo batur. Ayeuna mah geura gura-giru mulih, samemeh aya nu nganyahoankeun.”

Geus lesot tina jangji mah indit deui bari ngomong, „Atuh amit bade wangsul.” Ti dinya nepungan ki jurujana, anu ngadagoan di jalan. Ditanya ku jurujana, dikumahakeun barang datang teh ka ditu, jawabna ku anak sudagar teh dilubarkeun subayana. Cek bangsat, „Ari kitu mah, akang oge ngabatalkeun jangji tadi, akang bungah ku katuhuan nyai,jig geura mulang bawa deui eta papakean perhiasan teh.”

Sanggeusna lesot tina jangji kitu jalanna, tuluy balik diiringkeun ku bangsat, bungah weuteuh henteu penal balik ka imah salaki. Sup ka imah henteu aya nu nganyahoankeun, bungah lain di kieuna nyampeurkeun ka salakina, barabat dicaritakeun kabeh nu dihiding.

Salakina neuleu pamajikanana datang deui, ditanya nu saenyana. Tapi da katangen sidik pameunteu geulis teu busik, taya tapak dina awak, nu bageur teh dibaeukeun dipisono, bersih taya nu ngahina, tur teu cidra kana jangji, perbawana ati suci, henteu ngawiwirang kolot.

Ti harita Ki Samudradata hirup senang, runtut raut jeung bojona.”

Barang Ratu Teluh tamat ngadongengna palebah astana, pok deui nyual ka Sang Triwikramasena,

„Cing mangga geura sebatkeun, saha di antawis nu tilu: jurujana atanapi sudagar nu dua nu bageur teh. Upami uninga, nanging teu kersa ngadawuhkeun, eta mastaka tangtos bubuk ajur.”

Raja ngadangu eta masalah, ngalahir ka Ratu Teluh, „Jurujana nu bageur teh di antara nu tiluan, sanes sudagar anu duaan. Kapan salakina anu mulya hate tapi goreng, geus ngaleupaskeun awewe beunang kawin. Da jelema bener, henteu hantem bae ngeukeuweuk pamajikan, nu montel ka batur. Ari anak sudagar nu kadua, nitah inditna deui teh, saperkara lantaran napsuna geus rada lila mah leler, kaduana sieun, salakina lamun nyahoeun isukna meu-

59