Lompat ke isi

Kaca:Pusaka Ratu Teluh.pdf/63

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

DONGENG KASALAPAN

Raja Triwikramasena angkat deui kana tangkal simsapa, Ratu Teluh dicandak deui, regeyeng deui dipanggul. Sabot keur jongjon angkat ngong deui Ratu Teluh, „Sang Raja, dangukeun, urang ngadongeng nu pondok:

Aya dayeuh ngaranna Waranasi, panglinggihan Batara Siwa. Kacaritakeun di dinya aya brahmana anu dihormat ku raja, ngaranna Dewasewamin, teu wudu cukup, boga anak lalaki ngaranna Harisewamin. Harisewamin boga pamajikan ka nu geulis Nyi Lawanyawati, nu geulis geus lain caritakeuneun, kawasna tangtu nu ngadamelna sanggeus tabah meunang luang ngadamelan para widadari, upamina Tilotama.

Hiji mangsa Harisewamin, cape ngaraoskeun kanimatan, reup mondok jeung pamajikanana di gedongna nu tiis katojo bulan. Keur kitu jol siluman ti awang-awang anu bisa lumaku sakarepna nuju ka lebah dinya. Katenjoeun Lawanyawati sare gigireun salakina, atra nu jadi panarik ati birahi, lantaran sare entas sukan-sukan entas cape. Langlangbuana kagembang ku kageulisanana anu keur sare, poho bawaning bogoh, ti luhur ninggangkeun maneh, rawu biur deui nu sare dibawa kabur.

Barang salakina, nu anom Harisewamin, lilir, rurat-reret nu murba nyawana teu aya, korejat hudang reuwas, „Aduh ieung, na ieu teh ku naon? Ka mana, ambek kitu? Atawa nyumput rek ngadoja, pantesna bari nyeungseurikeun?”

Bingung ku boa kieu boa kitu, sapeuting manehna ngubek di imahna, neangan ka para, ka hateup, kana munara. Ari neangan nepi ka kebon saider-ider pakarangan, weleh teu kapanggih, ceurik sasambat sedih nyeri, sorana pegat-pegat kaselang ku eueuriheun, ,,Aduh enung, raray geuning siga bulan, kulit bodas nimbangan caangna bulan. Duh geulis, jungjunan engkang! Naha peuting ieu teh ka enung giruk, dumeh enung mapakan ku kaalusan. Duh, jungjunan anu lucu, naha wengi ieu pidik, lantaran enung kayungyun cara manehna[1]. Itu bulan enung, anu lucu, alusna eleh ku


  1. Lawanyawati dibandingkeun lucuna jeung caang bulan.
61