banget pohara, sungutna srangenge panas nyebret, jambrongna sinar nu nyebrot panas taya papadana. Angin panas ngagelebug teu aya. lelerna, tapi panasna teh eleh ku panasna mapas nu keur aprak-aprakan ruksak, lantaran paturay jeung buah kalbu. Situ-situ sararaat kapanasan, taneuhna bejad bareulah, cara ati anu remuk. Tatangkalan sisi jalan siga ceurik, nyeungceurikan kaalusan mangsa nu kaliwat, sora jangkrik tinggarerit tingcarikcrik, daun pada ngalakay.
Dina mangsa eta Harisewamin datangna ka lembur batur kalempohan bawaning panas, nyeri ku pipisahan, lapar halabhab jeung payah urut aprak-aprakan, keeng, begang belewuk, srog ka imahna brahmana, jajaluk neda dahareun. Eta anu kadatangan ngaranna Ki Padmanaba, kabeneran keur sidekah gede leuwih ti sapoe. Ari nempo ka jero aya brahmana sababaraha urang keur dalahar, tuluy nangtung nyarande kana tihang panto, ngabetem teu nyowara, teu usik teu malik. Untung kanyahoan ku bojona Padmanaba, ieu awewe teh mikir jeung karunyaeun, „Lah, puguh bae lapar teh beurat karasana. Saha nu teu taluk ka inya! tuh apan itu, lalaki teh hayangeun dadaharan nu matak nangtung di panto oge bari tungkul. Puguh manehna teh jelema anu geus susuci, nu ngalalana ti jauhna, tanagana geus beak ku lapar. Jadi jelema pantes pisan bereeun. Kitu cek ingetan nyi brahmana, tuluy nyokot piring, bro dieusian bubur make dicisusuan, dimantegaan jeung gula. Heug dianteurkeun, sok dibikeun sarta omongna rada ajrih, „Heh ieuh, bawa ka ditu ka sisi balong, pek dahar, ari di dieu kurang hade, loba brahmana eukeur dalahar.”
Geus ngajawab, nyebut mangga, leos indit mawa piring nu dieusi bubur tea teu jauh, gek diuk sisi balong, handapeun tangkal loa. Pareng waktu manehna ngumbah leungeun jeung suku sarta kekemu di balong rek dahar bubur tea, aya heulang ngadon eunteup kana tangkal eta, mawa oray matih diheungheum bari diranggeum. Orayna mah geus paeh, tapi peurahna bijil tina sungutna, clak, clak, ka handap, meneran pisan ninggang kana bubur. Harisewamin teu nyahoeun, datang-datang kedemek bae bubur teh dihenggoy. Atuh nu keur lapar, manggih anu ngeunah, nya moho, bubur teh nepi ka ledis. Bubur beak haregung Harisewamin,