Lompat ke isi

Kaca:Pusaka Ratu Teluh.pdf/66

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

katarajang nyeri dina beuteung anu lain ampeuheun, ieu teh peurah tea turak. „Aduh-aduh,” sasambatna, „ari keur sue, sagala-gala ngan apes! Nepi ka cisusu, mantega, gula jeung bubur oge ka kuring mah jadi racun.” Bari ngomong kitu teh jeung nahan kanyeri Harisewamin rumanggieung jumarigjeug nyampeurkeun ka pamajikan brahmana anu keur hajat tea, omongna, „Bubur anu dibikeun ka kuring teh aya racunan, cing geuwat ngala tukang nyampe kana peurah, bisi anjeun katudingan, majar maehan brahmana.” Eta awewe teh ngagebeg, pokna, „Piraku!” Tapi Harisewamin geus ngomong teh tuluy burial-buncelik panonna, teu lila lastari geus jadi mayit.

Geus kajadian kitu brahmana nu boga hajat, ngambek ka pamajikanana, dipajarkeun maehan semah, tuluy ditundung samasakali, teu meunang aya di imahna, padahal eta jelema teh teu boga dosa, nu enya mah lakuna umangken ka semah. Nyi brahmana entas nyieun kahadean, temahna keuna ku panudingan sarta dihina, indit ngajugjug pamandian kabuyutan, sejana ngisat salira.

Jol ayeuna di Darmaraja[1] aya masalah, „Saha nu boga dosana dina perkara ieu rajapati ti antara nu tiluan: oray, heulang jeung nu mere bubur?” Kacatur nepi ka dinya ieu perkara acan putus.

Ayeuna Sang Raja Triwikramasena, mangga geura lahirkeun, saha nu nanggung dosa, nu ngalantarankeun patina eta brahmana? Upami teu kersa nyaurkeun, sing emut kana ancaman.”

Geus ngadangu eta, Raja Triwikramasena ngalahir, ngemutkeun kana ancaman,,,Kumaha pitiasaeunana, dosa diteumbleuhkeun ka oray, anu geus teu daya teu upaya, eukeur diteureuy batur. Ari heulang, kapan eta mah ngan ku kabeneran meunang mamangsa keur tamba laparna, dibawa ka dinya bade dihakan. Ari anu mere bubur, boh sajodona boh sala saurangna, kumaha bade dibeungbeuratanana dosa, margi jelema nyaho di adil sareng wajib, teu aya panginten daekeun nyieun dosa bangsa kitu. Timbangan sadkaula mah nu boga dosa maehan brahmana teh, eta nu bodo nu teu jeung wiwaha wani nuding ka salahsahiji nu tilu tea.

Tutup Raja sasauran, Ratu Teluh leos deui tina panggulan, tapi Raja malik nuturkeun deui.


  1. Balewatangan di kahiangan.
64