ngulinkeun pedang, teu antara sabaraha lilana pedang ki jurujana geus tipecat tina leungeunna, nya kitu deui badina. Sanggeus bangsat lengoh teu mawa pakarang, Raja miceun pakarangna ku anjeun, gabrug bangsat dirontok, digelutan sarta dibeubeutkeun bangsat beunang katangkep hirup-hirup. Ti dinya dicandak sakalian diringkid jeung babandaanana ka dayeuh. Jurujana ditibanan hukum pati, poe isukna kudu dipanggang.
Dina waktuna, jung bangsat diiringkeun make ditabeuhan ku tambur sagala baris dihukum. Kabeneran harita katenjoeun ku Nyi Ratnawati, ari ret, ari cop bogoh tuluy bae masket, sakitu jelema pinuh ku raheut, jeung bobolokot kotor. Geus teu tolih kana nanaon Nyi Ratnawati lumpat ka bapana, pok cacarita, „Abah, ka itu nu rek dihukum pati kuring hayang boga salaki teh. Cing Abah, ngadeuheusan ka Raja, kumaha bae etanana mah, sangkan teu tulus dihukumna, upami teu kitu kuring rek nuturkeun ka kubur.”
Bapana ngareungeu omong anakna kitu mani ngagebeg, „Naon, kumaha Nyai? Ambuing ieuh, na kumaha pipikiran teh bet murka, ka ieu-ieu embung, nepi ka bangsa raja teu purun, naha ari ka jurujana jahat, nu geus tiwas bet makeanan montel.” Ku bapana diweweleh, dinanaha, Nyi Ratnawati pageuh be, niatna teu beunang dipukah deui. Atuh sebrut Ki Sudagar putat-patit ngadeuheus ka Raja, nyanggakeun kabeh kakayaanana, keur nukeuran jurujana, supaya dilubarkeun hukumanana. Raja teu beunang dirurubaan, dalah saratus juta uang emas oge, bangsat ku Raja moal dikencarkeun, beunang hese beunang nebus ku umur; jelema anu purah ngaranjah pangaboga urang dayeuh.
Barang Ki Sudagar datang deui, ihtiarna henteu hasil, clak anakna tumpak jampana, ngajugjug ka pangetokan, beunangna diangir mandi, diiringkeun bari pada nyengceurikan ku indung-bapana jeung baraya-barayana, sejana rek bela pati ka jurujana. Bangsat tea geus dek ku logojo ditiir. Keur sakarat, ingetanana mah jejeg keneh, neuleu Nyi Ratnawati jeung nu ngabarenganana. Geus ngadenge caritana ti nu araya deukeut ka dinya, jurujana ceurik sakeudeung, geus kitu seuri sakeudeung. Mayitna tina paniir ku Nyi Ratnawati dipenta supaya dilaan, ari manehna tuluy