Lompat ke isi

Kaca:Pusaka Ratu Teluh.pdf/70

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

unggah kana hurunan keur labuh geni.

Ngong harita aya soara ti awang-awang dawuhan Batara Siwa, tapi wujudna teu tembong, kieu ungelna soara, „Lantaran Nyai satia tuhu ka salaki pamilih Nyai sorangan, kami banget nya panuju. Ayeuna naon kahayang, pek geura menta ka kami, nyai anu tuhu ka salaki!”

Ratnawati ngadenge sora kitu, dug sujud tuluy unjukan, „Duh Gusti nu agung, wireh pun bapa teu gaduh anak lalaki, nyuhunkeun dipaparin anak lalaki saratus seueurna, supados engke di mana maot ulah dugi ka muluntu teu gaduh anak salian ti abdi.” Dawuhan Hyang Batara, heug diturut, bapa maneh bakal boga anak lalaki saratus. Pok naon deui nya pamenta, sabab anu tigin saperti awak, henteu pantes ngan ukur meunang sakitu wawalesna.”

Nyi Ratna unjukan deui, „Duh Gusti, upami Gamparan welas ka abdi, mugi-mugi ieu salaki abdi sing hirup deui, sing jadi jelema bageur salalamina.”

Ngong deui soara tan katingalan, dawuhan Batara Sarwa, „Heug, salaki maneh bakal hirup deui, waluya jati waluya, bakal jadi jalma bageur sarta ku Raja Tangarawani bakal kapake.” Tutup dawuh Sang Batara, janggelek ki jurujana, pulih teu sakara-kara.

Kaget pacampur jeung bungah nu taya hinggana ki sudagar Ratnadata, kitu deui Ratnawati sarta kabeh barayana pada muru ka ki bangsat. Sapada harita keneh ku Sudagar diangken minantu; breng ti dinya sarerea ngaleut mulang ka imahna Ratnadata. Geus henteu diengkekeun deui, dumeh boga minantu pilih bobot pilih tanding estu kasebut lalaki. Ki Sudagar nembongkeun suka bungahna, pesta sapantesna.

Demi Sang Raja Tangarawani ngadangu bejana, percaya jeung bingah galih jeung tuluy nimbalan nyaur ki jurujana, dijenengkeun senapati bala Raja.

Geus kitu mah nunda lampahna bareto, tapi angger ari gagahna mah, hirupna senang ngajodo jeung anak Ki Sudagar teh, lampahna beresih, ku Raja kaanggo.”

Ratu Teluh tina panggulan pok naros ka Raja Triwikramasena, biasa bae make ngancam,,,Sang Raja mangga geura lahirkeun,

68