Lompat ke isi

Kaca:Pusaka Ratu Teluh.pdf/71

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

naon margina bangsat keur ditiir ningal Ratnawati sareng bapana bet ceurik, teu lami teras seuri.”

Sang Raja ngawangsul, „Jurujana ceurikna bawaning sedih, meureun cek dina pikirna, ka sudagar henteu bisa mayar hutang, katambah-tambah asa teu puguh-puguh misobat; ari pangna seuri, heraneun ku Ratnawati, ditanyaan ku raja-raja weleh teu purun, naha ari ka manehna bet sudi. Ajaib ari hak awewe!”

Tamat Raja sasaruan, Ratu Teluh geus keleyeng deui kana urutna, ku Raja disusul. .

69