DONGENG KASAWELAS
Sang Raja Triwikramasena angkat deui nyusul, geus beunang Ratu Teluh dipanggul, jung mulih. Raja angkat, pok deui Ratu Teluh ka Raja, „Ayeuna bae mangdongengkeun carios ieu. Mangga dangukeun:
Di tanah Nepal aya dayeuh, ngaranna Siwapura. Kacaritakeun jaman raja Yasaketu — jenengan surup jeung bukti — sagala urusan nagara dibeuratkeun ka patih Pradnyasagara. Raja jeung prameswarina nyaeta Nyai Ratu Candrapraba raos-raos teu aya nu diemutkeun. Lami-lami Raja teh kagungan putra istri ti Prameswari, geus kawentar jenenganana nyi putri Sang Sudewi Sasipraba, nu moncorong cara bulan, tegesing sosoca ningrat.
Barang Nyi Putri geus ahirbaleg, sakali mangsa ngersakeun angkat ka taman diiring ku emban-emban sarawuh para cetina. Angkatna musim mamareng, rek ningali pesta iring-iringan. Keur di taman ngala kembang, di mana pananganana ngajungjung, mipit kembang, lembrahna nyingkap saeutik, kolebat cengkir gadingna, nu nyentreu meujeuhna neuhneur, rup deui katutup, ari panangan ka handap, rema lesot tina nyapit gagang kembang. Keur waktu nu neuhneur nonghol, aya lalaki corogoh lain dihaja, ret ka dinya, seredet .... ter harita keneh hatena geus kabandang. Padahal eta Manassewamin, anak sudagar gede kabina-bina, bangsa brahmana, ka dinyana rek lalajo iring-iringan deui. Sakitu manehna teh Manassewamin¹) ngaranna mah, ari ku birahi mah katurelengan, geus teu bisa murba hate. Cek pikirna, „Naha ieu teh Dewi Ratih keur kaedanan ku Dewa Kamajaya, di taman ngalaan kembang atawa eta teh ipri rek ngabakti ka Dewa Mangsa mamareng?” Manassewamin keur mikiran Nyi Putri, kawas anu terus rasa, nyi putri ningali anu moronyoy, kasep tandingan Sang Kama, nu sidik raga badagna. Lenyap nu geulis kataji, lat lali kana sagala, cul kembang, cul raga cul nyawa, pinuh karungrum sarining asih.
1) Hartina = ratuna nyawa atawa nu murba hate