ieu pun anak seja dititipkeun di dieu dugi ka salakina kapendak, dibantun deui ka dieu, margi dampal Gusti teh anu nangtayungan sabuana." Raja Yasaketu ngadangu eta piunjuk, tuluy sanggup nampi lantaran ras sieun keuna ku supata. Ti dinya nimbalan nyaur Nyi Putri Sastaraba Dawuhan Raja ka Nyi Putri, „Nyai pamenta ama ieu istri aku ku Nyai ulah rek dilalaworakeun, pendekna ama titip ka Nyai di kaputren.”
Nyi Putri didawuhan kitu ku Ratu ngawangsulan, „Satimbalan seja diestokeun pisan.” Tuluy Manassewamin anu ngarupakeun istri ku nyi putri Sasipraba dicandak ka kaputren. Muladewa nu nyamur jadi brahmana aki-aki indit ti payuneun Ratu, duka ka mana leosna, ari Manassewamin tuluy tetep matuh di buah kalbuna, angger nyamur jadi istri.
Heuleut sawatara poe Nyi Putri teh kawas geus teu asa jeung jiga ka nu nyamur teh. Dina hiji peuting Nyi Putri jeung nu nyamur keur ebog sapajuaran, Nyi Putri teh damelna ngan gedebag-gedebug bae, ditaros ku nu nyamur teh, da katangen wuyung jalaran paanggang jeung buah ati, „Aduh Juag, na ku naon salira teh ray poe-ray poe ngirangan, raray pias kirang sinar; naha Juag teh ngamanahan nu jadi jungjunan. Mangga wakcakeun ka abdi naha sobat nu satia tumutur teu dicandak sarasiah. Abdi moal daek barangteda, upami Juag teu kersa mopoyankeun."
Nyi Putri humandeuar ngarahuh, tuluy sasauran alon, „Sanes teu percaya ka sobat ieuh, kieu geura aceuk. Ieu teh wani sumpah nu sayaktosna. Teu acan lami kamari ieu rai teh dangdan, los ka taman ningal kekembangan nyengka. Ari keur di tanam teh aceuk, ningal nonoman bangsa brahmana, kasep lain kaulinan kawas bulan pancaruba ngaresmikeun leuweung ku cahayana; pameget lucu, matak seger cahya bulan birahina matak hurung wediasih ku patingal. Rai keur tanggah ngalamun, ni'mat nguyup cahaya rarayna, gurudug aya gajah sagede nanahaon leupas, gajah keur meujeuhna beger, cara indung peuting nu bijilna lain wayah, nyengek jeung tulale rancung muru ka taman. Buriak pangiring rai birat bawaning ku sieun, ari rai kasima teu bisa peta, ngan rigidig bae teu kanyahoan deui dipangku ku nonoman anu tadi tea, dibawa ka nu anggang. Aduh aceuk, mani asa diboboreh ku