Lompat ke isi

Kaca:Pusaka Ratu Teluh.pdf/75

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

candana, disiram ku cikahuripan, paantel sareng anjeunna, lah duka teuing ieuh, bet teu puguh rarasaan. Parantos kitu jol deui pangiring darongkap, rai dibarantuan ka dieu sanes kahayang rai, mani asa ragrag ti langit. Ti harita cek paribasa peureum kadeuleu, beunta karasa, jungjunan teh, nu parantos nulungan pati rai, asa sumanding saendeng-endengna, dilamun sok sering tepang. Mun wengi sering kaimpi, bisa naker mepende rai ku saur, mani cep nyarecep kana pikir, alah mani asa di kieuna rai meta ngajaga kapengkuhan, nolak dipondong diambung. Nanging ku margi teu terang kakasihna, teu terang ibu-ramana, jadi lapur diri rai anu tiis teu kapendak. Kitu margina rai nguyung patebih sareng jungjunan, panutan lahir jeung batin."

Nimat ku saur Nyi Putri, nu nyamur istri geulis teh suka lain di kieuna, asa laksana paneja. Cek pikiran, nya ayeuna saatna anu mustari arek nembongkeun maneh. Ari clik jimat nu diheungheum dikaluarkeun, leungit jinis istri geulis, beh deui asalna tadi, omongna: Aduh Juag anu geulis, dihias soca cureuleuk ieu abdi nu digaleuh cahya netra, kabandang jadi beulian. Ngaraos sakedap pisan tepang sareng salira Juag, nu mawi abdi sangsara, dugi ka dibelaan nyamur-nyamur jadi istri. Duh Juag, pupujaning ati, nu lenjang, langkung ti sakieu mah tangtos moal kiat nandangan, ku margi eta mugi urang sirnakeun kasedihan lantaran paanggang tea."

Nyi Putri teu puguh polah, samar rasa samar rampa, bogoh nyoso, reuwas jeung lingsem deui, nu dilamun ujug-ujug gok payuneun. Da puguh duanana sarua tarikna paneja, tuluy nikah dedemitan, pesta sukan-sukan nu surup jeung nu silih asih dedemitan. Ti harita Manassewamin, sugema laksana maksud, cicingna di kaputren ngajisim dua rupa, ari beurang ngaheungheum jimat, supaya mangrupa istri, ti peuting mah jadi lalaki, da nunda pel.

Heuleut sawatara lilana ti harita saderekna Prameswari, jenengan Mergangkadata, nikahkeun putrana Nyi Mergangkawati ka putrana Mangkubumi Prajenyasagara. Ma'lum nikahkeun saderek misan, nyi putri Sasipraba diondang, nya sumping ka bumi piramaanana. Ari angkatna ka dinya mani ngaleugeudeut

73