pangiringna bangsa istri-istri nu aranom. Manassewamin tea oge teu tinggal, da ngarupakeun nu geulis rumaja putri.
Barang panganten lalaki awas ka nu nyamur, ujug-ujug leng bae katurelengan. Banget kagendam ku nu siga istri, panganten lalaki bareng jeung panganten awewe teh asup ka imah, tapi rarasaanana kosong. Pikirna pageuh montel ka nu geulis titironan, napsuna nguwung kapegung, barang bedah jadi cara nu owah, kawas anu katerap ku peurahna anjing edan. Jalma-jalma pada reuwas pada risi, silih tanya jeung baturna, cek ieu na ku naon cek ieu na ku naon. Jadi pesta teh teu puguh, kagimbreungan ku pikasusaheun. Da aya anu haturan. Prajenasagara muru ka putra. Ku ramana dilelemu supaya leler, nya meunang eling, tapi tuluy ngocomang ngacaprak tina tarikna sahwat, saciptana dikedalkeun. Barang ramana ngaraos teter, bingung kuma nya pipetaeun, Raja sumping ngalayad, ngadangu kitu-kitu bejana. Kauninga ku Raja, panganten teh owahna nepi ka hambalan katujuh, tina tarikna napsu ka awewe. Lahirna ka para mantri. „Kumaha pibisaeunana kaula mikeun eta budak awewe, kapan eta teh jelema pihape brahmana? Tapi lamun eta budak henteu ditepungkeun jeung nu dipikahayangna, owahna tangtu nincak hambalan nu panutupna. Lamun manehna nepi ka hanteuna, tangtu bapana, panarosan urang nuturkeun. Dina papatih nepi ka pati, nagara tangtu ruksakna. Cing kaula neda hojah kumaha piakaleunana?”
Nampi pamariksa Raja para mantri arunjukan: „Sumuhun pariksa Gusti, nyepeng kaadilan teh wajib ageung pisan menggah di nu jadi ratu. Dupi dadasarna temah wadi, ayana di panarosan, buktina para mantri sadaya. Tumpur mantri, runtag kaadilan. Jabi ti eta tangtos jadi dosa ageung pisan, upami dongkap ka ajalna eta dua jelema: brahmana sarat Gusti, Patih Mangkubumi sareng seuweuna. Ku margi eta ayeuna Ratu kapaksa kedah maparinkeun istri titipan bramana tea ka seuweu patih, malar lulus mulus, repeh rapih. Hanas engke brahmana nu boga titipan amarah, ah kumaha bae urang metakeun akal tarekah.”
Ngadangu piunjukna para mantri Raja luntur galihna maparinkeun istri titipan ka putra patih. Sanggeusna diitung saatna nu