„Ngupingkeun dongeng kitu teh ayi, aceuk salin rarasaan, badan gorenyengan, ari hate cara nu surem. Cing ayi, ku naon aceuk teh?” Ditanya kitu walonna anu keur nyamur: „Ih, aceuk, eta teh kembang-kembang cinta tea; da abdi oge parantos ngaraosan kitu, dicarioskeun bae teu disumput-sumput.” Mergangkawati ngaharewos: „Lah, ayi ieuh, aceuk teh percaya sareng nyaah ka salira ayi sami sareng ka diri aceuk pribadi. Keur naon disumput-sumput oge, nya ayi da aceuk anu ngarasakeun; kumaha nya kira-kirana aya kitu lalaki anu bisaeun asup ka dieu?”
„Ari kitu mah, ceuceu, abdi gaduh rasiah: Ku pangasihna Batara Wisnu abdi ari wengi tiasa salin rupa jadi lalaki; ayeuna ngayunkeun kersa ceuceu abdi bade ngarupakeun lalaki.”
Bari ngomong kitu Manassewamin ngalaan jimatna anu diheungheum, jleg jadi lalaki tegep cangker meujeuhna ngora. Atuh der wae sukan-sukan nutugkeun kapanasaran, poho kana sagala rupa, pesta rame maranehanana bae anu keur meujeuhna sarua pogotna.
Kitu laguna ki brahmana saimah jeung pamajikan putra patih, beurang maru pamajikan, ti peuting maru salaki. Lila-lila aya bejana nu jarah teh tereh datang, kereles ti peuting Manassewamin lolos mawa pamajikan batur.
Kocapkeun dina waktu harita guruna, nya eta Muladewa tea, geus nyahoeun kabeh hal Manassewamin, jleg ngarupakeun deui brahmana aki-aki bareng jeung Sasin, sobatna — ieu mah nyamurna jadi jajaka keur meujeuhna — tuluy ngadeuheus ka Raja Jasaketu, pok unjukan: „Gusti, ieu pun anak tea kabantun, ayeuna bade disuhunkeun bojona anu dititipkeun di dieu.”
Raja mundut bongbolongan ka rengrengan para mantri, ahirna ngadawuh bari rada sieun disapa ka nu unjukan: „Kiai brahmana, kaula henteu terang, ka mana jigna minantu teh, muga aya pangampura. Pikeun nebusna katalingeuhan kaula, top bae Nyi Putri pulung minantu.”
Dasar penjahat bisa api-apina, ngambek tipopolotot, omongna sarugal resag, nembongkeun teu Suka, teu narima, heug siga nu enya ku Raja diupa-apeh dipianeh, nepi ka tulusna nyi putri Sasipraba ditikahkeun ka Sasin, nurutkeun_tali paranti. Geus