kitu mah Muladewa ngaleos deui indit, sigana geus teu hayang, teu butuh ku kakayaan raja, inditna mawa panganten.
Ayeuna datang Manassewamin, der padu jeung Sasin di hareupeun Muladewa, marebutkeun Nyi Putri. Cek Manassewamin: „Kadieukeun eta nyi putri Sasipraba teh, sabab bareto keur lanjangna geus dikakuringkeun tah ku ajengan ditikahkeun.”
Ditembal ku Sasin: „Naon ieu teh kawas nu burung, teu hir teu walahir ka Nyi Putri. Ayeuna mah pamajikan kuring, sabab ku ramana dipasihkeunana ka kuring, ditikahkeun dikukusan nanaon.”
Padungdengan padu marebutkeun Nyi Putri tacan aya putusanand.
Cing Sang Raja, saha saenyana nu kudu ngamilik jodona Nyi Putri. Ulah hamham sareng emut, pangancam anu ti heula ayeuna oge kitu keneh.”
Sanggeusna ngadangu Ratu Teluh tina panggulan, Raja Triwikramasena ngandika: „Timbangan jasad kaula mah, Nyi Putri pamajikan Sasin hakna, sabab terang jeung sah diserenkeunana ku ramana. Ari Manassewamin teh meunang ni’mat dedemitan nurutkeun kawin suka pada suka bae, jeung kapan bangsat mah teu boga hak kana banda anu lian.”
Dijawab kitu ku Raja les deui Ratu Teluh teh tina panggulan, clok deui di urutna, Raja nyusul pandeuri.