Lompat ke isi

Kaca:Pusaka Ratu Teluh.pdf/80

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

DONGENG KADUAWELAS

Ratu Teluh tina tangkal simsapana dicandak deui ku Raja Triwikramasena sarta terus dipanggul deui. Raja jongjon angkat, pok deui Ratu Teluh: „Tamba palay, Sang Raja, urang ngadongeng; mangga dangukeun:

Jaman baheula aya nagara di sisi bangawan Logangga, ngaranna Kanakapura, tempat timbreng; kawajiban sareng kaadilan teu acan aya nu ngaruksak. Sang Kalawisesa gegedug ngawur pasirikan, panyerewedan, teu bisa asup.

Kacaritakeun mangsa nu jadi raja di dinya Sang Nata Jasadana, jenengan surup kana bukti, lir upama batu karang megat lambak rumaksakna ka nagara. Ieu raja teh ku kudrat iradatna Chalik jumenengna saperti srangenge jeung bulan digalo dijieun hiji, sabab anjeunna nu nyandak kabungahan keur sabuana, nu moncorong matak silo (cara panonpoe), ari bawahanana henteu ngurangan (cara bulan); raja bodo kana ngarah ngarinah ka batur, tapi pinter nerangkeun kitab-kitab bab hukum-hukuman; raja malarat ku dosa, tapi henteu kakurangan ku dunya brana jeung wadyabala; abdi-abdina wedi asih pada muji, hoyongna kana kamulyaan teh teu aya pangarahan, estuning beresih, ngan kajurung ku kasatriaan, wening manah jeung kacintaan.

Di nagara Kanakapura teh aya sudagar mulya, boga anak awewe lanjang keneh, ngaranna Unmadini[1]. Nu matak kitu ngaranna dumeh sakur nu nenjo ka manehna kudu bae terus giung ku geulis-geulisna, dewa asmara oge nepi ka kabungbulengan.

Barang Unmadini geus akil baleg, bapana, jelema anu paham kana elmu sareat guru bukti, ngadeuheus ka Raja, heug unjukan hormat pisan: ,,Gusti, awon teu kapiunjuk, abdi gaduh anak awewe sedengna dikawinkeun, mustika di alam tilu. Nanging samemeh dikanu-saneskeun, sumeja bakti ka Gusti, margi Gusti nu kagungan sadaya nu harerang di sabuana. Ku margi eta bade


  1. artina matak giung, weureu.
78