nyuhunkeun saur nu tangtos, ku ditampi ku henteu.”
Teu wudu Raja teh bingah galih, gancang ngutus bangsa brahmana sawatara jelema, ditimbalan mariksa, bogaeun-henteuna tanda-tanda nu watekna matak mukti wibawa.
Brul brahmana utusan sababaraha urang rek mariksa; ana beh kapanggih ciciren mustika istri, di sakuliah alam dunya mah kakara aya, brahmana pada rareuwas, tapi teu lila laleler deui, tuluy mikir baradami. Pirempugna mun Raja nikah ka dinya, geus tangtu nagara ruksak. Lantaran saliring galih kacangcang ku garwa, lali kana urusan nagara. Ku sabab eta urang ka ratu purba buana, ulah unjukan, yen eta istri teh boga ciciren perwatekna gede bagja. Geus sapuk kitu rempugna, bral ngadareuheus deui ka Raja, pok unjukan: „Gusti, nyanggakeun sewu bebendu salaksa duduka, perkawis pigarwaeun teh kagungan tanda langkung-langkung awon.” Atuh teu tulus dipigarwana ku Raja.
Kalawan timbalan Raja ku Sudagar Nyi Unmadini ditikahkeun ka Aria Baladara, senapati wadyabala raja. Unmadini ngarasa bagja meunangkeun senapati teh, sugema nuturkeunana, ngan aya anu ngait dina atina, peurih ku ditampik ku Raja, dipajarkeun boga tanda goreng.
Mangsa mamareng Prabu Jasadana ngersakeun angkat pasiar tunggang gajah, nguriling di jero kota, palay ningali nyengkana musim basanta. Sora tambur tarikna kabina-bina, tangara ka para istri supaya bisa nyaringkah, bisi anu eukeur senang-senang, nimat ningali basanta, kagimbreungan Raja liwat. Ari garwa Baladara, nya eta Unmadini tea, aya tangara iringan raja teh kalah los ka loteng anegleng nembongkeun maneh, negrak di hateup cepak, gedong papak, panas ku ditampik tea, ayeuna hayang males. Barang ret Raja ningali, ranjug kapupul bayuna, kasmaran lir seuneu hurung kasilir ku angin leutik, ngahiliwir tiis seungit, angin ti gunung Malaya, hurungna tuluy ngagedur, muntab-muntab matak hebat. Ku ningali kageulisanana Raja kasipat jamparing asmarajaya, jeprot kana mamatihna, lenggak kapidara.
Hibut nu ngarubung-rubung; gancangna Raja geus dipayang ka jero karaton. Sanggeusna emut, uninga ti nu arunjukan, yen