Lompat ke isi

Kaca:Pusaka Ratu Teluh.pdf/82

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

nu tadi teh anu bareto ditampik tea. Ti dinya nibankeun hukuman ka brahmana nu ngabarohong, majarkeun Unmadini boga tanda goreng, diusir teu meunang aya di nagara eta. Ti harita Raja kabungbulengan, beurang-peuting teu aya deui nu dipikaemut ngan eta, sasambatna melas-melis:

„Cing bulan kami meredih,
da maneh mah teu eraan,
turug-turug teuas hate,
kuatan ku rarasaan,
sing ulah bosen medal,
tojo raray nu kayungyun,
mustika di sabuana.

Gading lir emas sinangling,
bebencut di tarang gajah,
lah ieung geuning teu nendeng,
dibanding jeung nu sapasang,
cengkir gading sedengna,
nangreu ngeusi semu kembung,
lah tobat ku ngabibita.”

Gandrung-gandrung kapirangrung, kuru aking ngajangjawing, bahbah poe maju nguyung, ngangluh salebeting galih, lingsem henteu kersa waleh. Lila-lila kersa oge sasauran, kalah ku pada ngeukeuhan ku nu kacida rumaketna, naon anu dipake ngangluh. Barang diarunjukanan, perkara kitu entong dianggo ngangluh, istri mah ngan kari nyandak, Raja teu kersa ngadangu, tina kekelna nyepeng adil palamarta, kukuh kana kawajiban.

Kocap Aria Baladara, senapati anu satia tuhu ka Gustina, meunang beja yen Kangjeng Raja kitu-kitu jalanna, tuluy ngadeuheus, datang-datang bluk kana sampeanana nyuuh, pok unjukan: „Beu, Gusti, menggah bojo abdi dalem, jariah kagungan Gusti, sanes-sanes acan bojo kasebatna. Sadaya-daya sumangga nyanggakeun, pun bojo teh geura candak. Upami teu kitu, pun bojo bade dibantun kana candi, teras di dinya dikantun. Ayeuna pikeun salira Gusti henteu aya kaawonanana nyandak istri sarat

88