soca sabuana, ranjug tingseredet, sumedot rasaning ati, kabongroy dadaksakala, tambah-tambah nu geulis lindeuk merean. Geus laksana papanganten peuting eta, isukna Manassewamin isuk-isuk kelenyep ngaleos deui, cara datangna kekelemetan.
Caturkeun Nyi Danawati tuluy ngandeg sarta barang geus nepi kana mangsana, o’a-o’a orokan lalaki mulus, mawa tanda kuma pibaringeunana. Nyi Randa jeung indung budak bungahna kabina-bina, reup peuting bet ngimpi tepung, jonghok jeung Batara Siwa, timbalanana: „Isukan poek-poek eta orok teh ku maneh duaan wadahan jeung uang emas nu sarebu, teundeun di lawang karaton raja Suryapraba, engke alus kajadianana.” Meunang timbalan ti nu ngagem Trisula, nu ngarimpi isukna silih bejakeun. Geuwat budak teh dibawa, da percaya ka nu Kawasa, sok ditinggalkeun deukeut lawang saketeng.
Peuting eta keneh Sang Batara nu kagungan kelebet banteng sumping ka Raja, anu keur nguluwut hoyong kagungan putra, lahirna: „Geura gugah prabu Suryapraba, itu deukeut lawang saketeng aya orok kasep. Candak, angken putra eta orok.” Barang isuk-isuk gugah, emut kana dawuhan Batara Siwa, bet torojol jagalawang nguninga ka Ratu, Raja teu talangke jengkar ka luar. Deukeut lawang saketeng sidik katingali aya orok mulus, mawa ciri urat-urat dina leungeun dina suku, tanda payung, bandera jeung jaba ti eta. Orok dirawu bari ngalahir; „Duh bagja teuing. Batara Siwa maparin anak nu pantes di aing.” Mani ku anjeun dipangkon, dicandak ka jero karaton.
Ti dinya ger ngadegkeun pesta bari sakalian ngabagi-bagi sidekah rongkah, nepi ka kecap malarat di nagara eta leungit hartina. Pesta rame meunang dua welas poe dua welas peuting, dina nutupkeun ngajenenganan murangkalih, kaembarkeun Candrapraba.
Rajaputra Candrapraba beuki lila beuki ageung, beuki tembong adat tabeatna alus, matak bungah nu ti handap. Sanajanna anom keneh, da pinunjul wawanenna, suci ati, gede elmu kasipuh ku kaampuhan, adat watek kaluhungan, iasa narik ati abdi, kawasna kuat nyangga bobot sadunya. Sri Nata Suryapraba ningali putra sakitu, tuluy bae diselehan kaparabon, ngaraos yuswa geus luhur,