Lompat ke isi

Kaca:Pusaka Ratu Teluh.pdf/89

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

paneja anggeus laksana, anjeunna mah kersana ngabagawan di Waranasi. Pinuh ku wiwaha yuda nagara Prabu Anom ngaheuyeuk nagri; ari Raja Sepuh muja semedi damelna, dugi kana jangji mulih ka kalanggengan.

Mahaprabu Candrapraba ngadangu warti rama pupus, ngaraos sedih kacida, prak metakeun tali paranti anu katilar pupus ku sepuh, tuluy ngalahir ka rengrengan para mantri: „Kumaha teuing nya pibisaeun mayar hutang ka Ama? Tapi kawasna aya sarupa anu beunang dilakonan ku sorangan; nurutkeun adat rek nyampurnakeun tulang-talengna ka bangawan Logangga, terus jarah ka Gaya, nyuguh timbel ka karuhun, geus kitu bari ngaberesihan diri rek terus jarah nepi ka basisir wetan.”

Tutup Raja sasauran para mantri arunjukan hormat pisan: „Bo Gusti, agung-agung nya bebendu, sanes pisan ngalangkungan kersa, nanging sanes layakna nu jadi ratu milampah kitu, margi karatuan teh seueur pikahariwangeunana, tanwande rubuh, salesotna anu mangku. Panuhun abdi sadaya, mulang tamba ka kersa rama Gusti nimbalan nu sanes. Jarah ka mana anu langkung utami ti batan ngalakonan kawajiban menggahing di salira Gusti? Dupi anu jadi ratu siang-wengi diraksa pada ngajaring, sanes pipanteseunana lunta ngersakeun jiarah, caket pibahyaeunana.”

Ngadangu piunjuk para mantri, Raja ngadawuh: „Ih, naha bet inggis-inggis teuing ku bisi! Kaula geus tetep niat, seja jarah ka pamandian-pamandian nu araheng, meungpeung kuat. Hirup teh tacan mungguhan, teu nyaho pikahareupeun, dina sakiceup badan urang bisa lebur. Perkara nagara titip, nepi ka kaula rawuh deui.” Para mantri ngupingkeun putusan Raja mindel, teu aya nu ngajawab.

Ayeuna Raja sasayagian rek ngantun nagara. Dina waktuna, ninggang poe mustari, sanggeusna mesek susuci, nyuguh sumeren ka seuneu, geus sidekah ka brahmana, clak nitih kana kareta lajeng jengkar, galihna henteu galideur, panganggona cara anu arek tapa. Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut nu ngiring ka tepis-wiring, para ratu nu kabawah, menak rama sumawonna, geus puguh abdi-abdi mah, urang dayeuh, urang sisi ti siklakna ti siklukna. Di wates nagri paturay, anu ngiring seuseut beunang

87