katawisna aya mantega panyalisihan sareng jukut palias; dupi jeu nu katilu sidik panangan Raja, katawis cicirenna sareng nganggo lelepen. Sadaya-daya nyanggakeun bebendu, henteu tiasa nuduhkeun anu mana kedahna kenging timbel. Ieu teh perkawis aheng.”
Raja hemeng, ewed manah, ngadangu piunjuk para brahmana teh, teu kagalih kumaha kuduna.”
Nepi ka dinya Ratu Teluh ngarandeg ngadongengna, tuluy masang masalah ka Raja Triwikramasena: „Cing mangga geura saurkeun, ka mana kedahna sokna timbel teh? Ulah lali kana pangancam tea.”
Raja ngawalon ka Ratu Teluh, da uninga kana hukum, kieu lahirna: „Kedah kana leungeun bangsat, margi Raja Candrapraba teh anakna ki jurujana, kalawan ikral kawasa, sanes hakna nu duaan deui. Anjeunna teu kenging diangken ku brahmana, dalah leres eta nu ngayuga, margi eta brahmana teh ngajual maneh sapeuting kana uang kapan. Tiasa oge dianggap putra Sri Narendra Suryapraba, margi eta anu ngarasanan, eta anu ngarorok, eta nu ngamongmong dugi ka ageung, upami anjeunana teu nyandak uang keur murangkalih nu dirorok. Emas nu diteundeun dina siraheun orok tea, minangka parurugi ngarasanan ngabayuan. Kantun eta anu ngamilik ibuna, anu dicician cai leungeunna, anu ngidinan ngayuga, anu ngawaris uang emas, jurujana tea, ramana Raja teh, ka dinya cek emutan jasad kaula kuduna pisokeunana timbel teh.”
Tutup Raja sasauran Ratu Teluh kejat deui, ngaleos kana urutna; disusul ku Raja Triwikramasena.