Lompat ke isi

Kaca:Pusaka Ratu Teluh.pdf/94

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

beunang ngahaja bapana mernahkeun di sisi balong. Brek Nyi Anangga sujud, ngabakti ka Sang Sudewi, neneda kieu ucapna: ,,Duh Gusti, ayeuna abdi teu dipareng tiada kajodokeun ka Kamalakara, mugi-mugi aya lunturing sih, engke titisanana keur abdi.” Sabadana neneda ka Sang Batari, dangdan cangreud pang gantungan, papakean disoehan ditumbukeun, dipageuhan kana tangkal angsoka.

Dumadakan waktu eta silahna di imah nyaring, nyeueung Nyi Anangga euweuh, korejat hudang, gasik cangcingceung neangan; geus kitu parengna manehna anjog ka kebon. Barang katembong Anangganjari keur nerapkeun cangreud kana beuheung, berebet muru bari gegeroan: ,,Ulah kitu! ulah kitu!” Datang-datang bret panggantungan dikeureut sapat sapisan. Kaburu ku sobat datang, tali pegat, cangreud udar karungrum sungkawa banget, rumpuyuk kapupul bayu, kabur pangacianana. Digulang gaper ku sobat, dililipur dilelemu jeung ditanya naha mana kikituan. Ngajawabna nerangkeun lantaranana pang manehna nandang brangta, ditungtungan ku humandeuar aral: ,,Aduh ilah, Malatika, mending paeh batan kieu, kasorang moal, halangan ku kolot jeung itu nu sejen.” Jeprot hatena katibanan jamparing asih, ter saliring badanna, lenggak kapidara.

Malatika ngangres watir, sambatna. ,,Duh deudeuh teuing, kaniaya Kamajaya, geuning beurat nyangga barangta gandrung teh; ieu nepi ka kieuna, padahal ieu teh nu purah cacad awewe nu goreng lampah.” Sateka-teka Malatika nu kalenger diceuceuhan dikepretan, digeberan ngarah tiis, nyah laun-laun lilir deui. Supaya ngentab panasna pepes, bar dipangngamparkeun daun tarate, dug dikedengkeun, lebah hatena sok diteundeunan mangle kembang anu tiis paripurna.

Rembes cipanonna bijil, Nyi Anangga dumareuda: ,,Emh ilah, ku mangle jeung sagala rupa deui teu pareum ieu nu ngagedur dijero mah. Cing ilah, atuh ihtiar supaya pepes ari enya hayang babarengan hirup jeung kuring, tepungkeun eujeung jungjunan.”

Nyi Malatika ngawalon: ,,Ayeuna mah Eulis, peuting geus ngagayuh ka subuh, Peuting isuk mah heug, lebah dieu geura tepungan, itu rek dibawa ka dieu. Wayahna sing kuat nahan samemeh

92