nepi ka amprok. Hayu urang ka jero.”
Bawaning ku tarima kana panglelemuna, Nyi Ananggaman- jari ngalaan kongkorongna nu keur dipake, sok dibikeun minangka tanda pangasih sarta omongna: ,,Jig bae ilah, geura balik, geura sare, isukan rebun-rebun indit, nya.” Geus kitu manehna balik, sup deui ka patempatanana.
Isukna kencling Nyi Malatika indit taya anu nganyahoankeun, ngajugjug imahna Kamalakara; nu boga imah diteangan di kebonna, kapanggih handapeun kai gede, gawena keur guling-gasahan, disasarap daun tarate nu baseuh beunang ngawuran pupur candana, di geberan daun cau ku mitra nu sarasiah, supaya tiis meueusan. Nyi Malatika nyalingker, hayang nyidikkeun kituna, kaedanan atawa lain.
Sobatna Kamalakara nyarita: ,,Cing atuh adi, bangbrangkeun ningali kebon, ulah waka luluasan.”
Brahmanaputra ngawalon ka sobatna: ,,Emh kakang, kumaha bade tiasana niiskeun pikir, parantos kabantun ku Nyi Putri baniaga, Ananggamanjari tea, emutan sagala sungkan, teu kantenan raraosan. Ku margi ayeuna parantos teu gaduh emutan hate jadi parab katresnaan. Taya piakaleunana deui kajabi kakang kedah ihtiar, supados rai tiasa ngamilik nu ngageringan.”
Kamalakara geus ngomong kitu mah, Nyi Malatika teu samar, tuluy nembongan, giak nyampeurkeun ka dinya, omongna:,,Leuh, gede bagja, simkuring teh di jurung ku Ananggamanjari ka dieu, ngadongkapkeun amanatna, maksadna tetela, kieu unina:,,Naha aya jelema pantes asak warah, bet maksa mirusa geblus kana sanubari anu geulis, leos les teu tembong deui, indit bet ngaringkid pikir? Pisanggemna ayeuna ulah kapalang, geus puguh ati kabandang, seja nyanggakeun raga jeung nyawa. Siang-wengi gawena ngan luhlah, humandeuar panas karerab napsu katresnan. Cipanonna murubut campur jeung sipat, siga nyiruan haliber ngaheroan seungitna kembang tarate, nya eta raray nu manis. Ku margi eta upami sapuk sareng manah, bade dipihatur pijalaneunana, mambrih kalulusan ka sadaya.”
Ngareungeu Nyi Malatika, Kamalakara ngajawab: ,,Ambeuing-ambeuing teteh, carita teh matak maruriding bulu punduk, tapi
93