Lompat ke isi

Kaca:Pusaka Ratu Teluh.pdf/97

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

„Aduh, naha ieuh?” bluk deui labuh kapaehan. Barang nyah eling, ngarontok mayit jungjunan, dirawu dilahun, digalentor digalekan, bari kumapang sasambat, cipanonna geus lain tadaheun angen ratug tarik leuwih ti ukuran, tapi napas sesek, ku banget-bangetna sedih jeung handeueul, renghap-renghap, cekeuk, nepi kana titis-tulisna Kamalakara ngagoledag sukma ninggalkeun kurungan.

Nyi Malatika ceurik ngabangingik, nyeungceurikan layon, teu karasa peuting geus nyerelek, kawas anu watir milu sedih nepi kana pasti, lalakonna tutup.

Isuk-isuk gehger baraya-baraya nu maot teh, meunang beja titukang kebon, pada muru ka kebon, sarerea pada ngarasa era, sedih, bengong, meunang sajongjongan mah kabeh ngajejetreng, ngaheluk.

Nya bener, ari awewe goreng teh wujudna kagorengan, jadi bibit panyelaan, pacacadan ka kulawarga.

Kakocapkeun Maniwarman, salaki Ananggamanjari, ti Tamralipti na datang, merod sono ka bojona. Ari sup ka imah nyampak haroong, meunang beja, yen aya kajadian kitu-kitu. Teu ngengkekeun deui, harita keneh terus muru ka kebon bari ceurik, pikirna tagayur teu puguh. Ari beh pamajikanana bet jeung lalaki sejen ngalalonjor geus jadi mayit. Najan kitu, da gede duriat, sek nyedek kana hulu angen, nyeri ku ditinggal hilang, gedebug tuluy lastari. Atuh ger guyur sakur nu aya dinya burudul urang dayeuh sakur nu meunang beja, pada daratang, pada hayang nyaho, pada heran, gujrud sarerea.

Ti dinya arca Dewi Candi, teundeun bapa Ananggamanjari tea, pada muntangan dipuja ku sakur anu maruhit: ,,Duh Batari, ieu pun sudagar Artadata, nu nyieun arca Gamparan, salamina sumujud gumusti. Margi eta mugi-mugi sing hawatos, ayeuna keur nandangan prihatin.”’

Sang Sudewi, panyaluuhan manusa, garwa kakasih Batara Siwa, ngadangu pamuja anu maruhit, seug nimbalan supaya anu tiluan harirup deui, sarta beresih tina panggoda hawa napsuna. Sapada harita keneh korejat mayit teh tiluanana harudang teu sakara-kara, cara anu hudang sare, harirup deui, leungit napsuna anu teu

95