Siti Hawa, majar teh.
„Coba, kacida rehena lalaki! Mandang sagala rupa teh tina jihad kapentinganana sorangan. Padahal mah nya lalaki anu sok ngalajur napsu, anu leuwih laluasa lantaran ngan saeutik panyegah jeung panyengkerna. Teu cara awewe, sagala teu meunang. Jeung anu pangsarakahna, lalaki teh salawasna boga karep mibanda awewe. Nya ku sabab awewe teh dianggap milikna, milik lalaki, banda lalaki, atuh bisa dibeureum bisa dihideung sakahayangna, sakarepna, jeung cara nambahan bandana, manehna nambahan pamajikanna nepi ka dua, tilu, opat, jeung popotongan di saban pengkolan! Ngan sirikna teu dijual crung-creng kontan wae awewe teh! Sarta diwenangkeunana lalaki nyandung ku agama Islam, geus disalah-gunakeun!" Cek Esih sajeroning ati.
Sakali-kalieun Esih sok daek diajak ulin ka imahna Nyi Mimi di Tanah Tinggi anu pernahna henteu pati jauh ti Galur. Di dinya manehna bisa nitenan kaayaan imahna. Memang sagala aya, bandana loba pisan turta lain barang anu basajan-basajan. Imahna henteu pati gede tapi garenah, beunang mangnyieunkeun salakina anu jadi anemer tea; Di dinya Nyi Mimi teh paduduaan bae jeung Ikem, bujangan anu tacan bogaeun salaki.
„Leuh ceuceu mah mani lubak-libuk. Bumi pageuh, banda sagala aya, mo kakirangan naon-naon." Cek Esih basa mimiti pisan nganjang ka dinya.
„Ah, banda naon atuh! Ieu mah ladang leuleus ceuceu wae lumayan. Mun teu kitu mah kumaha atuh, da ku salaki mah geus henteu dipangmakayakeun deui. Ngan kasebutna bae boga salaki, ah bubuhan salaki anu opatan wae meureun, parahi ngaku!"
„Abdi mah estuning, makaya parantos mangtaun-taun teh teu acan gaduh naon-naon. Bujeng-bujeng babanda, kanggo neda oge parantos sesah ngeureut miceunna. Komo ayeuna mah, da teu acan gaduh deui padamelan. Keur gaduh padamelan onaman aya sakinten, tiasa nyumbang-nyumbang ka pun uwa. Ayeuna mah mung bati isin wae, da sasatna hirup ngarepotkeun, sanaos ka dulur sorangan oge."
„Ah, ulah sok ngalaipkeun diri, ayi! Saleresna mah moal sesah kanggo ayi mah. Da ceuceu oge terang, ayi teh jelema