pinter-perceka, hade basa hade rupa ... Piraku wae make kedah sesah hirup!"
Sanajan dina hatena mah Esih teh teu panujuen kana omongan Nyi Mimi, tapi manehna henteu ngabantah, malah henteu riuk-riuk acan. Manehna geus ngarasa cukup ku ngarti naon anu dipimaksudna jeung nyaho baris ka mana pileoseunana. Jeung harita keneh manehna ngarasa cangcaya kana kajujuran Nyi Mimi.
Saminggu ti harita Esih nganjang deui ka dinya, Taya perlu nanaon, ngan rek ulin wae tamba karesel di imah. Barang srog ka hareupeun imahna, manehna nenjo aya mobil sedan ngajogrog. Teu dipirosea, da marukannana mobil anu diparkir wae. Sidik aya supiran mobil teh. Sup manehna asup ka buruan. Tapi kakara oge asup, Nyi Mimi kaluar diiringkeun ku hiji lalaki anu nya gagah nya ginding. Reg Esih ngarande, sarta ngomong jerojening hate:
,,Euh, ieu meureun salakina teh. Meujeuhna wae bisa nyandung oge. Tapi harita keneh ras manehna ingeteun ka Bu Emoh anu kungsi nyaritakeun yen salakina Nyi Mimi teh enya beunghar ngan geus kolot. Ari ieu, bet nonoman anu keur sumedeng buta tulang buta daging.
,,Aeh Esih," cek Mimi bari seuri. Tuluy manehna nyampeurkeun pek ngaharewos: "Wayahna ayeuna mah dikantun ku ceuceu. Da ieu ceuceu aya perlu rek kaondangan. Enjing wae ka dieu deui."
Esih ngamanggakeun bari seuri. Sarta harita manehna paamprok panon jeung lalakina anu ngerejep ngiceupan, tapi anu henteu pikahartiieun ku Esih mah.
Cat Nyi Mimi unggah kana mobil di tukangeun supir. Cat deui lalakina unggah, brek diuk gigireun Mimi. Guluyur sedanna ngageuleuyeung.
Teu bisa majar kumaha, kapaksa Esih balik deui. Sarewu pertanyaan ngungkulan pikiranana sapanjang jalan.
Nepi ka imah katenjona Esih teh beda ti sasari. Anu sasarina giak gumbira, harita mah rarayna kerung pisan. Teu tuluy mantuan uwana di warung, nya kitu deui teu hideng digawe di...