Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/102

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

dapur deuih. Ieu mah kalah ka ngabebengkang wae nangkarak dina ranjang di kamarna.

Teu petot-petot manehna ingeteun kana papanggihanana bieu. Rupa-rupa rarasaan anu araneh jeung anu henteu sidik rasakeuneunana, piligenti karasa teu paruguh. Jeung eta kiceup lalaki anu tadi, sumeredet wae dina hatena, sarta sanajan uleng dipikiran naon hartina oge, weleh henteu kapikir, weleh henteu kaharti.

Inditna Nyi Mimi jeung lalaki dina mobil oge teu luput jadi pikiran. Ku manehna dicoba-coba diwangwang, dicoba direka-reka, disambungkeun jeung kacurigana, disambungkeun deui jeung omongan-omonganana anu enggeus-enggeus, tapi weleh henteu meunang kacindekan anu ngayakinkeun. Kaselang-seling deui ku mikiran dirina sorangan, anu harita keur ngaligeuh teu boga pangupajiwa. Rupa-rupa nu dipimaksud, rupa-rupa anu dirarancang, tapi hiji oge tacan aya anu bisa dilaksanakeun.

Nepi ka sore Esih angger wae nangkarak- bengkang dina ranjang. Sarewu pertanyaan, sarewu pasualan, angger keneh ngungkulan pikiranana kawuwuh ku juljolna rarasaan anu araheng teu paruguh.

100